Ieu kaca geus divalidasi
19. TATANEN — DAGANG — KARADJINAN
a. BOEKOE TANI.
Patanen anoe geus ngarti tangtoe pisan daek njatětkeun kaloear-asoepna doeit anoe patali djeung pakasabanana nja eta pikeun nganjahoekeun oentoeng-roegina.
Di dieu di handap arek ditěrangkeun koemaha atoeran njatětkeunana kaloear-asoepna doeit, make tjonto sababaraha roepa sětat tjatětan.
Goenana tjatětan teh ěngke oge karasa lamoen geus dimimitian.
KATERANGAN PONDOK.
- Toeliskeun onggal poë dina sětat kaloearna doeit sagala hal anoe patali djeung pakasaban oerang. Dina kolom 1: boelan djeung tanggal; kolom 2: sagala pagawean; kolom 3: lilana satoan; kolom 4: doeit noe dikaloarkeun; kolom 5: lobana běkěl noe ditjokot ti leuit atawa goedang pikeun gadjih sorangan djeung anak pamadjikan atawa djeung sato.
- Toeliskeun dina sětat asoepna doeit sakabeh doeit noe katarima djeung katěrangan pangnarimana eta doeit. Pěpělakan, saroepa-roepana ngabogaan kolom sorangan.
- Itoeng sabaraha lobana hasil tina saroepa-saroepana pěpělakan, sabaraha lobana doeit noe kaloear djeung sabaraha lobana noe asoep.
- Djoemblah eta itoengan teh koedoe ditoeliskeun dina sětat ringkěsan kaloear-asoepna doeit dina satěmpat-těmpatna.
- Těroes tjatětkeun dina sětat běkěl lobana beubeunangan anoe asoep ka leuit atawa ka goedang lamoen aja, sarta anoe dikaloarkeun ti dinja.
- Dina moesim panas ka tomparnakeun koedoe diitoeng oentoneg-roegina, ari ngitoengna tina angka dina sětat ringkěsan kaloear asoepna doeit.
- Toeliskeun di beulah kentjaeun itoengan oentoeng-roegina tea: sakabeh doeit anoe katarima djeung anoe bakal katarima. Djeung toeliskeun deui di dinja pangadjina sesa běkěl anoe aja keneh di goedang atawa dina leuit.
— 218 —