Ieu kaca geus divalidasi
- Tjatětkeun di beulah katoehoeëun itoengan oentoeng-roegina tea sakabeh doeit anoe dikaloearkeun dina taoen eta, oepamana bae doeit anoe dipake majar padjěg boemi.
- Bilangan anoe aja di sabeulah kentja djeung kataohoe teh toeloej djoemblahkeun. Beubeunanganana anoe di beulah kentja koedoe disěboet doei noe asoep, sarta anoe di beulah katoehoe doeit anoe kaloear. Bedana antara beubeunangan ngadjoemblah di beulah kentja djeung di katoehoe teh nja eta běrsihna hasil tatanen.
- Ieu boekoe sětat teh kapakena ngan oekoer sataoen. Dina saban mimiti moesim hoedjan koedoe ngabogaan deui boekoe anjar. Boekoe noe geus dipake tea toeloej bae teundeun, bisi ěngke aja gawena.
Djalma anoe maling ěmas, pandjara bagianana; djalma noe maling nagara sok toeloej diangkat radja.
Soepata noe djadi bapa moal moesna koe dikombah. moal euwuh koedibeuleum.
— 219 —