b. NGADOEROEK TOENGGOEL
Pikeun ngaleungitkeun toenggoel soepaja beak djeung akar-akarna, hadena mah koedoe didoeroek ari ngadoeroekna kieu:
Mimitina oerang koedoe nalingakeun ti beulah mana datangna angin. Lamoen angin datangna ti beulah wetan, oerang koedoe ngali taneuh sawetaneun eta toenggoel tea, djaoehna kira-kira 2 kaki djeung rcebakna 20 á 25 cm. Beuki deukeut kana akar pantjĕr toenggoel tea ngalina koedoe beuki djěro něpi ka eta logak teh monteng, kira-kira něpi ka 20 cm. djěrona. Lamoen geus něpi kana akar pantjěr tea toeloej njokot awi goeloentoengan anoe pandjangna 3 kaki djeung garis tengahna 7 á 8 cm., noe hidji digolerkeun dina djěro rorakan tea noe hidji deui disarandekeun kana toenggoel. Geus kitoe eta rorakan teh dioeroeg sing pauět. Dimana geus salse toeloej eta awi teh ditjaboet. Djadi liangna aja doea, liang noe hidji njangsaja anoe hidji deui nětěk. Liang anoe njangsaja tea diasoepan areng roehaj, diboegoro gan tatal djeung roehak toehoer. Dimana eta roehak teh rek beak sarta seuneuna rek pareum, koedoe boeroe-boeroe eusian deui, něpi ka eta toenggoel beak kabeuleum. Haseup eta doeroekan kaloearna tina liang anoe noetoeg tea, ari nganggĕrkeunana seuneu koe angin bae, noe matak liang doerockan teh koedoe dina iĕbah djalan angin.
Aja deui djalan sedjen pikeun ngadoeroek toenggoel teh, kieu. prak-prakanana:
Eta toenggcel teh dibor njoengsang ti beulah kentja ka katoehoe atawa sabalikna. Liang anoe meunang ngĕbor teh toengtoengna koedoe aja sadjĕroëun taneuh saeutik. Dina lebah toengtoeng eta liang tea koedoe njieun logak noe gědena doea kaki pasagi djeung djěrona doea kaki deuih, nja eta pikeun tempat miroenan. Dina lěbah mimiti eta liang noe njoengsang tea dibor, oerang koedoe nangtoengkeun roeas boengbas, dilampat koe taneuh lempoeng soepaja pageuh. Lamoen doeroekan dina logak geus dipiroenan sarta haseupna kaloear tina eta roeas, tetela seuneu doeroekan teh geus něrěkab ka djěro, moal lila deui oge eta toenggoel teh beak kadoeroek, katoet akar-akarna.