c. DAGANG TITIT DINA ĚNDOG.
Di Tiongkok-Kidoel geus ilahar pisan toekang mĕri teh sok. ngadjaroealan titit dina ĕndogna keneh; babakoena ngadjaroealanana teh ka Singapoer.
Mimitina ĕndog-ĕndog anoe rek dipěgarkeun teh. boh noe rek dikirimkeun ka nagara sedjen. boh noe rek dipěgarkeun di dinja sok dipanasan heula koe listrik atawa koe naon bae asal panasna saroea djeung lamoen disileungleuman koe indoengna; ari lilana ti 9 něpi ka 10 poë. Sanggeus kitoe eta ĕndog kakara ditjokotan tina pamanasanana, diteundeun dina ĕrak paranti měgarkeunana. didjadjarkeun.
Ěndog-ĕndog kirimkeuneun ka nagara sedjen, misilna keur ka Singapoer, ditjokotanana tina pamanasanana teh. pidalapan atawa salapan poëeun deui kana měgar; ari maksoedna nja eta sangkan eta ĕndog-ĕndog tea bisa mĕgar sanggeus tiloe poë lilana aja di tempat noe dikiriman tea.
Ngirimkeun titit koe djalan kitoe teh tangtoe leuwih gampang. sabab ringkěs. katoeroeg-toeroeg ongkosna ngan 15-na tina ongkos ngirimkeun titit noe geus dipegarkeun, diaba ti eta ka oerangna teu matak poesing deui. da teu koedoe ngoeroes parabna teu naon. Kaoentoenganana leuwih gĕde ti batan dagang ĕndog biasa atawa titit.
Doeka ti iraha cerang Tiongkok bogaeun akal kitoena, teu bisa nĕrangkeun, ngan sigana bae geus lila oge. Tjeuk noe tatjan njoba-njoba mah meuncun pamohalan ĕndog bisa měgar lamoen teu disileungleuman, da ĕndog hajam oge sok diadi katjingtjalang lamoen koerang njileungleumanana teh. Tapi moenggoehing pikeun anoe sok nalingakeun hiroepna sasatoan mah, moal heraneun kana hal ieu teh.
Dina Indische Boerderij, nja eta poestaka mangsa anoe niaritakeun hal ieu, diterangkeun jen ieu hal teh geus lila ditaloengtikna koe noe palintĕr, malah tiek sakaol mah aia bangsa manoek anoe tara njileungleuman ĕndogna, ari ngĕndogna sok dina goendoekan keusik atawa dina liang di djĕro taneuh. Mimitina mah disangka ien ata ĕndog bisa měgar teh lantaran koe panasna panonnoě atawa koe panasna taneuh, tani noeroetkeun katĕrangan Dr. Stresemann mah lain kitoe. Běněr aja manoek bangsa hajam anoe tara njileungleuman ĕndogna tea mah, malah di dieu oge aja, di Hindia, sapĕrti di: Lombok, Floris,