Soemba, Ceram, Boeroe, Nieuw Guinea djeung di sedjen-sedjen poelo deui. Ari ngĕndogna eta manoek teh sok dina taneuh di leuweung djeung sok diroengkoepan koe taneuh deuih, něpi ka djiga goegoenoengan katembongna teh; děmi loehoerna tempo-tempo aja noe leuwih ti doea metĕr.
Aja deui sabangsa manoek anoe sok ngĕndog di djĕro taneuh;ari njieun liangna koe dikorehan tjara hajam keur kokoreh (tjatjakar) neangan kahakanan bae. Gědena eta liang teh aja noe sametĕr, nja kitoe deui djĕrona. Dimana eta manoek tas ngĕndog, ĕndogna tea sok toeloej disaeuran koe taneuh poeraj.
Di Viatom, hidji poelo leutik deukeut Nieuw Pommeren, aja anoe něrangkeun kieu: Di eta poelo manoek bangsa hajam teh kaitoeng loba oge. Ěndoganana biasana sok dina tĕmpat noe
ioeh di leuweung, babakoena dina tjangkěrědong oeroet tatangkalan roentoeh atawa moen teu kitoe sok njarieun liang sorangan bae. Dimana ĕntas ĕndogan, ĕndogna tea sok dioeroegan koe
taneuh bear. Noeroetkeun tjaritana oerang dinja, lobana ĕndog anoe sok kapanggih dina hidji-hidjina liang teh. ti 6 něpi ka 8 siki; eta ĕndog-ĕndog tea tara ngoenggoel diadi sagoendoekan tjara endog tjangehgar, tapi hidji-hidjina ĕndog pada ngabogaan liang sewang-sewang. Neanganana eta ĕndog, manoek,
koe noe koerang paham mah rada hese oge, tapi ari noe geus biasa mah babarieun pisan sabab taneuh noe aja ĕndogan keneh mah biasana sok haneut.
Eta katĕrangan teh beunang oge dipĕrtjaja, sabah sagala katĕranganana kabeh kaboektian. Toekang neangan endog anoe geus paham mah koe saliwat oge geus tjoekoep pikeun nganjahokeun aja keneh atawa geus euweuhna ĕndog di eta liang teh. Omongna: Da beda ari noe aja keneh endogna mah taneuhna sok haneut.
Toean Stresemann nĕrangkeun kieu tina hal eta: Ěndog anoe geus kosong tiisna leuwih gantiang manan noe teu atian mĕgar: ĕndog anoe kakara tjret diĕndogkeun sok panas. barang ieu toeloej bae dirimboenan koe taneuh, atoeh panasna teh teu leungit. Katoeroeg-toeroeg deui eusi ĕndog teh bogaeun bakat panas. komo lamoen anakna geus mimiti mangroepa mah, panasna teh beunang disěboetkeun geus teu bisa ngoerangan deui něpi ka měgarna. Pondokna: ĕndog teh bisa měgar sorangan, teu koedoe disileungleuman deui.
Měri kaasoep kana bangsa manoek anoe tara njileungeluman
230