ĕndogna koe maneh. Toekang dagang endog mĕri, sok ngangon merina ; loeloegoena nja eta baris nalingakeun endogna, doemeh meri ĕndoganana sok di mana bae, tara doemoek di hidji tempat, lantaran tara njieungleum tea.
Lamoen oerang hajang mĕgarkeun endog nieri, biasana sok sina disileungleuma : koe hajam. Naha lamoen teu disileungleuman moal megar kitoe? Noeroetkeun katerangan noe geus diterangkeun di loehoer, nja eta akalna toekang dagang anak mĕri di Tiongkok-Kidoel tea, asa moal teu bisaeun mĕgar koa maneh
Aja deui anoe boga pamanggih sedjen tina hal ieu, nja eta sobatna toean Stresemann, kieu: Dina hidji waktoe eta toean narima sawatara ĕndog meri, sarta kabeh geus aja noe njaropongan. Ana diboeka sahidji, di djĕrona teh geus mangroepa; tajohna mah pangna ditjopongan teh pikeun nangenkeun geus mangroepa tatjanna. Sanggeus katangen kitoe toeloej liang-liang dina endog noe sedjen tea dilampat koe kĕretas sarta diteundeun dina parako lamoen di oerang mah. Sanggeusna meunang sawatara poë lilana, eta endog teh kakara diteang; andjeunna reuwaseun, doemeh eta endog pohara panasna, nepi ka bogaeun sangka jen eusina tea tangtoe paraehna. Koe lantaran kitoe, toeloej eta ĕndog-ĕndog teh dipindahkeun tĕmpatna, henteu dina parako deui, tapi dina tempat anoe meudjeuhna hawana. Dina adjaman andjeunna isoekna baris diteang deui; tapi roepana bae kapopohokeun doemeh diteangna deui tea sanggeus heuleut sawatara poë ti harita. Eta toean kageteun pisan doemeh eta ĕndog masih haneut keneh sarta ti harita mah oenggal poë eta ĕndog-ĕndog teh sok dititenan. Barang lilana kira-kira geus saminggoe, kakara aja noe megar.
Eta katerangan netelakeun ka oerang jen endog meri teh bisaeun megar koe maneh. Lamoen oerang leukeun sarta daek sapĕrti oerang Tiongkok-Kidoel, moal salah deui tangtoe oerang oge bisa neangan kaoentoengan koe djalan kitoe, nja eta ngadjoeal meri ka nagara deungeun make eta akal.
Pati-hoerip gĕlarna teh babarĕngan, taja noe heula-pandeuri; boektina ambĕkan anoe mimiti geus dipake njotjeng oemoer.
— 231 —