Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/287

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

MANGLE
TJATOERANGGA TITIRAN DJEUNG TIKOEKOER[1])

 Dina mangsa haneut mojan, waktoe Mas Loerah keur ngandjang ka Hadji Moekti noe beunghar di kampoeng Goenoeng, andjeunna sasaoeran kieu ka priboemi: „Mang, naha ari ĕmang koe bogohan kana ngingoe titiran djeung tikoekper, da alo mah ti baheula oge teu kaberean rĕsĕp, eta ongkoh babakoena mah teu tiasa miarana djeung teu terang ka noe sae-awonna.”

 Priboemi: „Tangtos alo mah moal rĕsĕp; malah aja babasan kieu: kana sagala oge, lamoen teu bisa djeung teu njaho, sok teu resĕp. Alo teu tiasa miarana sarĕng teu oeninga ka noe sae awonna tangtos moal rĕsĕp; da ĕmang mah anoe tiasa miarana sareng terang kana tjatoeranggana noe sae noe awon, hih geu­ ning teu boeroeng rĕsĕp kana ngingoe manoek teh.”

 Tatamoe: „Tah, tah, geus nepi kana bab tjatoerangga, tjobi tjarioskeun alo hojong terang.”

 Priboemi: „Mangga, soegan teu harilap deuik ieu sakaterang ĕmang mah, noemoetkeun kasaoeran kiai di Bantĕn, waktos emang keur masantren dina taoen Masehi 1895.

Bab sisit

 Lamoen oerang rek miara titiran koedoe dipilih heula, koedoe heula oenggal manoek oge, pada ngabogaan watĕk hade djeung goreng. Ari atoeran milihna kieu: bilang sarta djoemlahkeun lobana sisitna tina koekoe djadjangkoengna kentja-katoehoe nĕpi kana toeoerna, beubeunangan ngadjoemlahkeun teh toeloej dibagi toedjoeh. Lamoen njesa hidji sisit eta manoek dipegarkeunana ninggang dina sa'at bintang Kamar, watĕkna kana sagala pagawean aloes, asal noe miarana teh oelah wani-wani milampah pagawean noe dilarang koe sjara, moen salamĕt tina eta larangan, alamat rea noe asih.

 2. Lamoen njesa doea sisit, eta manoek dipegarkeunana ninggang dina sa'at bintang Djoehro; watekna noe miara eta ma­noek djadi djalma berehan rĕsep toetoeloeng, sarta bagdjana darareukeut.


  1. Kintoeaaa djoeragan o. Partadiredja, Tjisaroa, Bogor.  

— 232—