Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/288

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 3. Lamoen njesa tiloe sisit, eta manoek dipĕgarkeunana ning­gang dina sa'at bintang Oetorid, watĕkna aloes dipiara koe ahli dagang, djoeroe tani, kaoem boeroeh; njalamĕtkeun kana sagala pagawean, sarta noengtoen ngalobakeun pangarti.

 4. Lamoen njesa opat sisit, eta manoek dipĕgarkeunana ninggang dina sa‘at bintang Sjamsoe, watĕkna pĕrtengahan, hadena aja, gorengna aja; tjindĕkna bagdja-tjilaka oentoeng-roegina, soeka-doekana noe miara eta manoek, datangna bakal saroea reana atawa lilana.

 5. Lamoen njesa lima sisit, eta manoek dipĕgarkeunana ninggang dina sa‘at bintang Marich, watĕkna goreng lamoen dipiara, matak ngalobakeun moesoeh, noengtoen panas, dipikageuleuh koe batoer salĕmboer.

 6. Lamoen njesa gĕnĕp sisit, eta manoek dipĕgarkeunana ninggang dina sa'at bintang Zoehal, watĕkna goreng ngadeukeutkeun pibalaieun, sarta noengtoen kana ngĕdoel, ĕmboeng kana sagala lampah.

 7. Lamoen njesa toedjoeh sisit atawa tjiplĕs teu njesa, eta manoek dipĕgarkeunana ninggang dina sa'at bintang Moesjtari watĕkna aloes kana sagala lampah tangtoe meunang bagdja gĕde, asal noe miara eta manoek oelah wani-wani ngalampahkeun kagorengan.

 Tĕgĕsna manoek noe hade dipiara teh, noe sisitna njesa, hi­dji, doea tiloe opat djeung toedjoeh, ari noe sisitna njesa lima atawa genĕp, eta goreng.”

 Tatamoe: „Ilih koetan kitoe, alo mah nĕmbe tĕrang ajeuna, kana sisit soekoe manoek teh.”

 Priboemi: „Lĕrĕs kitoe, malah salian ti hal sisit oge aja deui tjiri-tjiri noe sanes, kanggo ngatawiskeun watĕkna manoek noe sae noe awon.”

 Tatamoe: „Tjobi mangga tĕraskeun atoeh !”

 Priboemi: „Mangga, kieu geura:

Bab tjiri-tjiri noe sedjen

 1e. Lamoen manoek sisit soekoena doeanana beulah, ti beh hareup, dingaranan Radjararasan, watĕkna matak moedjoer kana dagang.

 2e. Lamoen manoek bodas djangdjangna doeanana, dingaranan Satriakangoebĕng, watĕkna dipikaasih koe pangagoeng.

— 233—