Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/289

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 8e. Lamoen manoek koneng boedjoerna, dingaranan Djiwamangpang, watĕkna anak somah djadi pangkat, anoe miskin dja­di soegih.

 4e. Lamoen manoek hideung mêles, dingaranan Wisnoemĕngoe, watĕkna kaimpoengan koe pangagoeng.

 5e. Lamoen manoek semoe hideung, dingaranan Tjitrawana watĕkna kaimpoengan koe boedjang.

 6e. Lamoen manoek boeloean soekoena; dingaranan Radjaboeana, watĕkna ngadjoengdjoeng loba sarat, bawana tiis, katoeroet koe banda.

 7e. Lamoen manoek sĕlap dina hoeloena salambar, dingaranan Panditahadji watĕkna bisa mindingan balai.

 8e. Lamoen manoek hoeloena koekoetjiran, dingaranan Pandi­tahadji keneh, watĕkna koeat ngadjoengdjoeng kana sagala maksoed.

 9e. Lamoen manoek beulah dadana tĕroes kana boedjoerna, sarta boeloe boentoetna aja lima welas lambar, dingaranan Radjabrahmana, watĕkna teu teurak koe seuneu.

 10e. Lamoen manoek bodas koekoena kabeh tĕroes kana pamatoekna, dingaranan Bantardjagat, watĕkna teu teurak koe bangsa sĕndjata api.

 11e . Lamoen manoek bodas pamatoekna, dingaranan Pepĕndĕman-ĕmas, watekna nĕtĕpkeun kana sagala maksoed.

 12e. Lamoen manoek bodas dadana, dingaranan Koesoemawisnoe-tiarita, watĕkna dipikaasih koe menak.

 13e. Lamoen manoek djamboel, dingaranan Panditahadji ke­neh bae, watĕkna ngadjoengdjoeng kana djenĕng.

 14e. Lamoen manoek bodas koekoena dalapan, dingaranan Gĕdongkinoentji, watĕkna ngadjaga banda.

 15e. Lamoen manoek boeloena hideung parat kana pamatoek­na, dingaranan Mawatjitra, watĕkna loba rĕdjĕki.

 16e. Lamoen manoek hideung boentoetna kabeh, dingaranan Wisnoemangĕnoe, watekna loba ngadatangkeun doenja.

 17e. Lamoen manoek bodas harigoena parat kana pamatoekna, dingaranan Sĕmoetjitra, Watëkna naon bae noe dimaksoed ngadjadi.

 18e. Lamoen manoek boentoetna gĕnĕp atawa salapan, dinga­ranan Loearmidjil, watĕkna hade pikeun pipiaraan pandita.

 19e. Lamoen manoek matana tjara siki dalima, dingaranan Poermama, watĕkna ngalobakeun sobat.

— 231—