37e. Lamoen manoek bodas boeloe djangdjangna doeanana salambar sarta tĕroes kana boentoetna, watĕkna kana seuneu, angin, tjai sarta loba noe asih.
38e. Lamoen manoek boeloena doea bêlas roepa, watĕkna kana naon bae sagala lampah matak djadi oentoeng.
39e. Lamoen manoek bodas taktakna, watĕkna hade keur pamikat.
40e. Lamoen manoek ngeloek pamatoekna, watĕkna ngadeukeutkeun daradjat.
41e. Lamoen manoek hideung ĕlak-ĕlakanana djeung sisitna, sarta dampal soekoena beureum, watĕkna sae dipiara koe pangkat.
42e. Lamoen manoek bodas atawa borontok djangdjangna, watĕkna sae dipiara koe doekoen.
43e. Lamoen manoek boeloe napas, eta goreng, dingaranan Bĕrama Laboet, watĕkna rea noe geuleuh.
44e. Lamoen manoek bodas soengoetna, eta goreng. dingaranan Bĕrama Naga, watĕkna panas djeung djaoeh rĕdjĕki.
45e. Lamoen manoek boeloena semoe beureum, eta goreng, dingaranan Bĕrama Soesoeri. watĕkna ngralobakeun panjakit.
46e. Lamoen manoek bodas kelekna doeanana, eta goreng, dingaranan Kalakapipitan, watëkna matak loba panjakit.
47e. Lamoen manoek bodas koekoena doea di harep, hidji ditoekang, eta goreng, dingaranan Doergangĕrik, watĕkna matak mindĕng pasea.
48e. Lamoen manoek bodas koekoena lima di hareup, goreng, dingaranan Doergangaroek, watĕkna remen gĕringan.
49e. Lamoen manoek beuheungna kaloeng semoe hideung, eta goreng, dingaranan Wisnoekoentjen, watĕkna matak ngoeloewoet hate noe boga.
50e. Lamoen manoek boeloe monjet eta goreng, watĕkna matak dareukeut kana lalara"
Saoer Priboemi bari ngarandĕg sakeudeung,,Tah sakitoe katĕrangan ĕmang tina bab tjiri-tjiri manoek mah.”
Tatamoe: ,,Naon deui mang tanda-tandana noe sedjen pikeun nganjahokeun hade gorengna manoek?”
Priboemi:,,Kadiabi ti noe ditataan bieu oerang kĕdah nĕngĕtkeun deui kana sorana. Carana sorana
sok ngajadikeun kana watĕkna tea, sakatĕrang emang tina hal sorana kieu:
— 236—