Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/293

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

keun kana wawanen noe miara sagala lampah taja kasieun.

 20e. Manoek noe sorana: langkoengkoeng, sae watĕkna ngadoengdjoengkeun ka noe miara sarta loba noe asih.

 21e. Manoek noe sorana poerkoetoet sarta disadana bari koekoerilingan eta teu aja watĕka naon-naon"

 Pribumi bari ngarot:,, Tah sakitoe katĕrang teh."

 Tatamoe:,,Bo, edas paingan atoeh ari noe rek meser manoek sok hajangeun njaho sorana koetan sorana oge djadi tjtiri kana watekna. Tjobi soegan aja keneh naon deui tjiri-tjirina?"

  Priboemi:,,Kantĕnan aja keneh mah, kieu geura:

Bab disadana

 1e. Oepama manoek disadana ngĕloek diseboeta Ratoemanoek, watekna taina beunang dipake oebar njéri panon, tjenah; doeka dkoemahakeun ngoebarkeunana ĕmang oge teu ngartos.

 2e. Oepama manoek disadana ĕlak-ĕlk diséboetna Djanggala, watékna hade keur djontroet.

 3e. Oepama manoek disadana sore-sore, diseboetna Gĕdong noetoep watékna matak sĕnang anoe miara.

 4e. Oepama manoek disadana Isoek-isoek dingaranan Gĕdong moeka watekna loba rĕdjĕki.

 5e. Oepama manoek disadana sore poekoel 8 atawa 9 watekna saperti Gedongkoaetji.

 6e. Oepama manoek disadana ti peuting, goreng watekna sapérti Doerga Ngaroek.

 7e. Oepama manoek disadana rĕboenrĕboen goreng watékna sapérti Doerga Ngĕrik.

  8e. Oepama manoek disada salantjar goreng watékna matak koerang akal noe miara."

  Priboemi:,, parantos teu aja deuih ngan sakitoe katĕrang ĕmang pikeun milih-milih manoek noe sae djeung noe awon teh."

 Tatamoe:,,Ari eta mang geuning make sok dimandian djeung diloloh sagala koemaha atoeranana djeung koedoe koe naon ngalolohna teh?"

 Priboemi:,,Euh palaj oeninga bab ngamandian sarĕng ngaloloh atoeh eta mah gampil. Noeroetkeun noe sok dilampahkeun koe ĕmang mah kieu:

— 288—