Bab ngamandian
Ngamandian manoek teh biasana dina dintĕn Djoemaah wantji tĕngah dintĕn, lantaran nja harita sa‘atna noe sae.
Ti isoek-isoek keneh anoe rek ngamandian teh kedah parantos sasadiaan pikeun sarat-saratna, soemawontĕn oepami ngamandianana bade seueur mah.'
Demi noe djadi sarat-saratna ieu: 1e. daoen kelor seueurna 7 taroek, 2 daoen paria seueurna 7 lambar, 3 daoen dadap pahang noe keur meumeudjeuhna 7 lambar. Eta dangdaoenan noe 3 roepi teh tĕras digalĕj dina tjai noe rek dianggo ngamandianana. sarta dimana eta tjai parantos djadi hedjo, kakara manoekna tea dimandian; dikoetjoeran atanapi clikeueumkeun sing doegi ka lantis pisan.
Saparantos toetas dimandian, eta manoek kĕdah dicitenan deui, oepami liang iroengna kapĕpĕtan koe kokotor, koe oerang kĕdah dikodekan. koe djoekoet djampang sing apik sing doegi ka bĕrĕsihna, geus kitoe kakara diloloh; demi lolohna ieu:
Bab ngaloloh
Sarat-saratna noe kĕdah disadiakeun nja eta: 1e tjabe areuj, 2e tjabe tjengek noe bareureum 3 siki, 3e kĕmbang kalapa 3 siki, 4e daoen djawer kotok 3 lambar, 5e djahe gêde saeutik, 6e bawang beureum 3 sihoeng noe aralit beunang mesekan, 7e kĕtan hideung 7 panon, 8e tarasi atah saeutik, 9e poetjoek (boros) sereh sagĕde tjabe tjengek, 10e minjak kalapa.
Demi atoeranana kieu: daoen djawer kotok digelang sing doegi ka leumpeuh, tĕras dipeureuhkeun kana matana, ngadjaga sangkan oelah njĕri mata.
Tjabe tjengek pitjeunan toengtoengna, toeloej hoewapkeun ngadjaga sangkan eta manoek oelah mosntjroet kokotorna.
Tarasi dihoeapkeun keneh bae, ngadjaga sangkan sorana hĕnteu pilar (peujeuh).
Boros sereh deangkeun heula djeung minjak kalapa tĕras hoeapkeun ngarah sorana longsong.
Demi tjabe areuj kembang kalapa, djahe gede, kĕtan hideung kĕdah dirieus sing lĕmboet sarta kĕejah beresih. dimana parantos, eta oge sami bae kedah dihoeapkeun. Tah sakitoe katĕrang ĕmang mah,”