Tatamoe bari gogodĕg: „Bo edas bangga geuning mang.”
Priboemi: „Kantĕnan; sakitoe mah tjékap.’
Tatamoe: „Kadjabi ti manoek titiran manoek naon deui noe aja tjatoerangana mang?”
Priboemi: ,,Manoek tikoekoer oge ari alo, aja tjatoeranggana, manawi teu lepat kieu:
Tina hal milih sisitna, sami sareng milih sisit titiran, karana eta manoek bangsana titiran keneh, noe bentĕn teh moeng tjiri-tjirina bae sareng disadana. Ajeuna oerang njarioskeun bab tjiri-tjirina tea.
1e. Manoek noe boeloena sĕmoe beureum, eta goreng, watĕkna ngalobakeun panjakit.
2e. Manoek noe boeloena beureum meles teu katjampoeran noe sedjen, eta goreng, teu beunang dipiara.
3e. Manoek noe roepana boeloe napas, goreng, watekna loba noe geuleuh.
4e. Manoek noe roepana semoe koelawoe, goreng, watekna ngoeloewoet hate.
5e. Manoek noe roepana koelawoe, goreng, watekna panas loba noe sirik.
6e. Manoek noe boeloena semoe hideung, goreng, watekna loba moesoeh.
7e. Manoek noe roepana boeloe monjet, goreng, watekna loba panjakit.
8e. Manoek noe bodas harigoena, goreng, watekna noengtoen panas.
9e. Manoek noe koekoena bodas, 2 di hareup, 1 di toekang, goreng, watekna sĕring meunang panjakit
10e. Mancek noe koekoena bodas 4, watekna koeat ngadjoengdjoengkeun sarat, tapi loba panjakit.
11e . Manoek noe koekoena bodas 5 di hareup, goreng, watekna rĕmĕn gĕringan.
12e. Manoek noe boeloena hideung meles tjara boeloe manoek saeran, sae, watekna gede hate taja kasieun.
13e. Manoek noe roepana semoe rengge, sae, watekna kana doedoekoen.
15e. Manoek noe boeloena semoe hideung sarta aja londongna hedjo, eta sae, watekna kang. dagang.
16e. Manoek noe boeloena rengge bĕnĕr, sae, watekna sok
rea noe asih.
— 240—