36e. Manoek noe boeloena 7 roepa, sae, watĕkna loba rĕdjĕki djeung loba noe asih.
37e. Manoek noe boeloena borontok sae, watĕkna kana sagala lampah meunang kagĕnahan.
38e. Manoek noe bodas atawa tjarambang djangdjangna eta sae, watĕkna loba rĕdjĕki.
39e. Manoek noe djangdjangna bodas kabeh, sae, watĕkna ngalampahkeun naon bae djadi oentoeng.
40e. Manoek noe boentoetna 11 atawa 15 lambar, sae, watĕkna kinasihan koe sakabeh djalma.
41e. Manoek noe bodas hoeloena tĕoes kana pamatoekna djeung soekoena kabeh, matana sapĕrtî widoeri, eta pangsaena, watĕkna moeng Goesti Allah noe oeninga.”
Priboemi: „Tah sakitoe pamĕndak ĕmang tina hal tjiri-tjirina noe aja dina manoek tikoekoer, ajeuna oerang tĕraskeun kana bab disadana:
le. Noe disadana njĕboet maneh sarta kĕrĕp, eta goreng, watĕkna ngalobakeun kasoesah.
2e. Noe disadana koekoerilingan, goreng, watekna sagala lampah tara djadi.
3e. Noe disadana salantjar teu aja ĕnggoekna, goreng, watĕkna noengtoen panas.
4e. Noe disadana koekoerilingan sarta make ĕnggoek sakali, goreng, watĕkna ngoendoerkeun banda.
5e. Noe disadana ngĕloek, sae, watĕkna loba ngadatangkeun banda.
6 e. Noe disadana aja ĕnggoekna sakali, sae, watĕkna djadiankana sagala pĕpĕlakan.
7e. Noe disadana ngĕloek, sarta ĕnggoekna doea kali, sae, watĕkna alamat meunang daradjat.
8 e. Noe disadana koekoerilingan sarta ĕnggoekna doea kali, sae, watĕkna kana ngadjaga banda.
9e. Noe disadana ngĕloek sarta ĕnggoekna tiloe kali, eta pangsaena, watĕkna moal kakoerangan rĕdjĕki, kinasihan, disalametkeun tina sakoer pagawean sarĕng didjaga sakabeh balai.
10e. Noe disada ti peuting sarta aja ĕnggoekna, sae, watĕkna alamat meunang rĕdjĕki.
Ile . Noe disada ti peuting sarta teu aja ĕnggoekna, goreng, watĕkna rek meunang kasoesah.
12e. Noe disada ti peuting sarta saĕnggeusna toeloej gĕgĕ-
— 242 —