Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/302

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

rěpěkan, goreng, alamat rek aja bangsat noe rek maling banda noe miara.”

Priboemi: „Parantos ngan sakitoe bab tjatoerangga manoek titiran sareng tikoekoer teh.”

Tatamoe: „Noehoen mang, diwartosan; ari parantos tĕrang kieu mah alo oge bade miara titiran.”




LAKOE LAMPAH DJALMA NOE OETAMA. [1])
Dangdanggoela.

Lakoe lampah djalma noe oetami,
teu kaloear ti oegéran dharma,
tara soemingkir teu tjeeh,
tara roeboen koe ripoen,
pagèmpoengan ajalma oetami,
tara gapong harapa,
loejoe aina aloes,
maiah geus djadi babasan,
djadi sundir noe kědah asak dipikir,
diboeka silokana.

Kieu oengěl sindir anoe tadi,
noe oetama moen jakin manahna,
jasa njered sarungenge,
ana tatapa djoedjoer,
doegi kiat ngadjoengdjoeng boemi,
djēlēma noe oeiama,
tempat soemalindoeng,
ajau toenggoel pamajoengan,
ti bihari dongkap ka alam kiwari,
djaradi pangoengsian.


  1. Kenging mětik tina Dewi Sawitri S. No. 819. Pangaosna f 0.25
― 243 ―