20.PANGAWĔROEH AWEWE
a. REOEPA-ROEPA PITOEDOEH
Ngabĕrĕsihan samak
Samemeh diseuseuh, koedoe disikat heula sing bĕrĕsih, toeloej digĕboegan, sabab kokotor anoe aja dina samak, dimana katjaian, sok pageuh, hese dibĕrĕsihanana.
Alkĕtip tapas dibĕrĕsihanana kieu: mimiti koedoe digĕboegan toeloej eligosok koe tjisaboen, kakara dikoembah koe tjai bĕrĕsih, geus kitoe geuwat poë, moëna koedoe digantoengkean.
Samak boeatan Djiĕpang djeung? boeatan nagara Tjina ngabĕrĕsihanana koedoe ati-ati pisan, sabab sok babari roeksak. Oenggal poë koedoe disapoean koa sapoe anoe lĕmĕs pisan djeung koedoe mindĕng disoesoetan koe iamak meunang ngabaseuhan koe tjisaboen; geus kitoe geuwat poë, moëna digantoengkeun beberkeun sing rata, oelah karĕndoe.
Ngabéresihansapatoe
Ngabĕrĕsihan sapatoe koelit anoe badag tapi herang.
Mimiti pĕlĕdoeg atawa leutak anoe narapĕl dina eta sapatoe koedoe disikat heula sing bërësih, kakara disĕmir; njĕmirna koe sikat leutik sing walatra, sisi-sisina, keuneungna, ti handapna oge anoe teu napak kana taneuli mah koedoe disëmir; geus kitoe geu wat sikat koe sikat sapatoe anoe badag, oelah ngadagoan toehoerna sĕmir tea djeung oelah waka eureun njikatna, samemeh gilap sarta koelitna toehoer pisan.
Sapatoe koelit pĕrlak, dibĕrĕsihanana koedoe dikosok koe lamak anoe leulaus. Oepama koelitna roemeuk, kosok koe sĕmir hideung anoe kimpĕl (kitoe soteh lamoen sapatoena tea hideung) atawa koe minjak saladah saeutik.
Sapatoe bodas ngabĕrĕsihanana kieu:
Mimiti disikat heula sina bëresih, kakara dipoelas koe kapoer sapatoe beunang ninjoeh koê tjai, toeloej dipoë. Dimana geus toehoer pisan toeloej disikat deui.
-244-