Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/304

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ngabĕrĕsihan tas koelit hideung

.
Mimiti beulah djĕrona heula disikat sing bĕrĕsih: tas anoe ti sabeulah djĕrona make lapis lendĕn, njikatna make tjoeka beunang njampoeran tjaai. Ari beulaH loearna dikosok koe sĕmir sapatoe (sĕmir kimpĕl) tjara ngabĕrĕsihan sapatoe anoe gilap tea.

Tarekah anoe pangbabarina kieu:

Saban doea atawa tiloe boelan sàkali eta tas koedoe dikosok koe pasĕlin koneng. toeloej dikosok koe lamak anoe lĕmĕs.

Mitjeun tarotol tina koelit

Lamoen tarotolna tea anjar keneh, bisa leungit koe dikosok koe soesoe anoe haneut koekoe, koe bensin atawa koe tjisaboen.
Tarotol anoe geus lila, tara leungit deui.

Milih laoek

Oepama oerang rek meuli laoek. pĕrloe oerang nitenan heula. naha eta laoek noe rek dibeuli teh sĕgĕr keneh atawa geus bĕntĕk.

Tjitjiiren jen sĕgĕr keneh, kieu:
  1. Tina baoena, beda anoe sĕgĕr keneh mah.
  2. Dipĕntjet koe tjoeroek, naha eta laoek teh ngĕnjod ata­wa hĕnteu.
  3. Mata laoek noe sĕgĕr keneh mah herang toer boeleud.
  4. Asangna beureum bĕrĕsih.


Ngaberĕsihan laoek

Oepama laoekna hiroep kenah, maehanana koedoe ditarok hoeloena. Toeloej disisitan masing bĕrĕsih, geus kitoe dibĕlek beuteungna, dipeudjitan koedoe beunang katoet ka lamad hideungna.Tidima dikoembah. Oepama laoekna gĕde, hade dipĕnggĕlan.

Kade hampĕroena oelah nĕpi ka peupeus. karana lamoen peupeus sarta tjihampĕroena tea njĕrĕp kana daging laoek laoeknaa oepama didahar sok pait.

Ngasakanana

Abroeskeun kana tjai anoe ngagolak anoe beunang ngoejahan;

— 245 —