dimana geus rada leuleus, koedoe ditjoekaan saeutik, ngarah laoekna peungkeur.
Katjirina jen geus asak, oepama tjetjepetna ditarik molonjon (sanggeus meunang 10 mĕnit).
Ngagoreng laoek tjai
Samemeh digoreng, digalĕj djeung oejah make pedes saeutik, toeloej keueum kira-kira meunang? samĕnib dina tjai beunang njampoeran koe tjoeka, noe dipalay soepaja dimana digoreng oelah rapĕt kana katel.
b. ROEPA-ROEPA MASAKAKAN
Angeun lodeh kĕlĕwih.
Kĕlewih 2 hoeloe beunang mĕsek dipitjeunan hatena, toeloej dikeureutan sagede-gĕde indoeng leungeun, digodog nepi ka ĕmpôek; dimana geus ĕmpoek tjipanggodoganana dipitjeun.
- Boengboena:
Bawang beureum beunang njisik 1 sendok makan. bawang bodas 1/2 sendok makan, tjabe beureum beunang ngaharĕb 1 sendok makan, tjabe hedjo 1 sendok makan, ladja 1 sendok teh, peuteuj 4 papan diharĕb, ebi 1 sendok makan, tarasi 1 sendok teh, salam 2 lambar, oejah sameudjeuhnana, kaldoe 4 sendok: eta kabeh digalokeun djeung kĕlĕwih tea, digodog. diaboesan daoen tangkil sagĕnggĕm. Dimana geus ngagolak tjoer tjitjian tjipati (kalapa 1/4 hoeloe, noe didjieun tjipati) seuneuan deui sing hade nepi ka asakna, tapi oelah pĕtot ngotjek bisi peupeus tjipatina.
Goedĕg iwoeng.
Iwoeng bitoeng atawa iwoeng awi tali beunang ngabĕrĕsihan dikeureutan sing galêde tapi sing aripis, kira meunang sapiring djero, ddgodog nepi ka asak (lilana kira-kira 4 djam); dimana
geus asak, geus leungit paitna, tjaina koedoe dipitjeun.
Meuntjit hajam djadjangkar hidji. Sanggeus dikoembah toeloej dirĕtjah; geus kitoe digodog ditjampoerkeun djeung iwoeng tea, tjaina sagajoeng.
-246-