Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/306

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Boengboena:

 Katoentjar 1 sendok teh, djinten 1/2 sendok teh, ladja 1/2 sendok teh, bawang beureum beunang njiksik 1 sendok makan, bawang bodas 1/4 sendok makan, moentjang 5 siki, digalokeun direndos nĕpi ka lĕmboet, broes diabroeskeun kana godogan hajam tea; salamna 4 lambar, kalapa 1 hoeloe didjieun tjipati, oejahna sameudjeuhnana, tĕroes digodogkeun deui sing nĕpi ka asakna.

Angeun padamoro kangkoeng.

 Kangkoeng 2 tĕkĕm, diharĕb katoet gaganagna, toeloej dikoembang sing bĕrĕsih.

 Kaldoe 1 kobokan pantji. Kalapa 1/4 hoeloe didjieun tjipati, daging beunang ngeureutan 2 sendok makan, toeloej dipasak nĕpi ka ngagolak.

 Boengboena:

 Bawang beureum 4 sihoeng, tjikoer kira 1/4 tjinngireun. Ladja 1/4 tjinngir, katoentjar 1/2 sendok teh, tarasi 1/4 sendok teh, moentjang 4 siki dioelĕg djadi hidji. Dimana gogodoganana geus ngagolak broes boengboena diabroeskeun, salamna 2 lambar. Kangkoengna diabroeskeunana barĕng djĕung boengboe tea, tĕroes dioedĕk nĕpi ka asakna; oejahan sameudjeuhnana.

Lĕlĕboe.

 Daging 1/2 pon digodog nĕpi ka ĕmpoek, disĕwirran, diĕbĕĕk nĕpi ka lĕmboet.

 Boengboena:

 Bawang beureum 4 sihoeng, bawang bodas 2 sihoeng, katoentjar 1 sendok teh, djinten 1/2 sendok teh, ladja 1/2 sendok teh, tarasi 1/4 sendok teh direndos. Kalapa 1/2 hoeloe didjieun tjipati sing kĕntĕl, diabroekkreunana barĕng djĕung daging beunang nga-bĕbĕĕk tea goelana 1 sendok teh, salam 2 lambar; oejah sameudjeuhnana, digodog dina katel nĕpi ka saat; dimana geus saat tĕroes dikoerah-kareh sing rĕpi ka garing pisan, tapi kade bisi toetoeng.

Balohar.

 Daging ĕmbe 1 pon, digodog koe tjai 2 kobokan.

 Boengboena:

 Bawang beureum beunang njiksik 2 sendok makan, bawang

— 247 —