Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/307

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

bodas beunang njiksik 1 sendok makan, tjabe beureum beunang njiksik 1 sendok makan, ladja 1 sendok teh, ketjap 1 sendok makan, tjoeka 1/2 sendok makan, oejah sameudjeuhnana, digalokeun djeung daging tea, sarta dipasak sing nĕpi ka asakna. Oepama dagingna tea tatjan empoek, tambahan deui tjaina koe tjai asak satjoekoepna nepi ka dagingna tea ajoed.


KALAKOEAN NOE SOETJI WËNING. [1]
Dangdanggoela.

Kalakoean anoe soetji wèning,
ditampina koe djĕlĕma moelja,
kalawan manah noe sareh,
sareng kabingah kalboe,
iina margi dina panggalih,
geus aja kajakinan,
jen lakoe noe moeloes,
langgĕng ’mo aja roeksakna,
kitoe deui moenggoehing lampah noe soetji,
tara ngarah pangoepah.

Sinarèngan moaî nimboetkean dir,
oedjoeb, ria, angkoeh koemagoengan,
soemawonten olo-olo,
sareng moal nalapoeng,
wawalèsna tanetas katampi,
nja kitoe kahormatan,
margia kawèngkoe,
koe bakatna kamoeliaan,
anoe mawi d'djalma noe lampahna bèrsih,
sok agèng bèrèkahna.


  1. Kenging metîk tina Dewi Saw iin S. No. 819. Pangaosna f 0.25
- 248 -