Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/308

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

MANGLE
SALAH SANGKA [1]
Sinom.

Bandoeng djadi katjapangan, disarěbat Paris Indi, mashoer tĕinpat pělěsiran, kadjoegdioeg ti mana-měndi. tjek saoer pantoen boekti, Bandoeng mah heurin koe tangtoeng, teu beda ti boektina, oenggal dintěn wara-wiri, noe amĕngan njirnakeun kasedih manah.

Tahoeh lima di Baraga, němbe hoeroeng listrik-listrik. baranang saboeka siang, noe laliwat balawiri, babakoe noe pělěsir, wantoe noedjoe malěm Minggoe, malahan Oedjang Barnas, daměl diadi adjoen komis, angkat senang ngarendeng sareng Moenigar.

Ari eta Nji Moenigar. poetrana djoeragan Hadji, noe beunghar di pasisian, Oedjang Barnas soeka ati, raosna geus katěpi, njangking moestika Goemoeroeh, noe djadi katjapangan, lain geulis beunang njangling, estoe lebar moen teu ajorang panasaran.

Raos langkoeng toemaninah. noe bade nětěpkeun djangdji, ka kaler tĕras angkatna. mapaj ngambah djalan rěsmi. rĕg ngararanděg deui, sabab katoetoep koe pintoe, kareta api liwat, ploeit disada ngadjĕrit, wararaas kělar djĕro manah Barnas.

Tidinja alon saoerna, henteu tinggal boedi manis, wantoe ka djoengdioenan manah, doeh Eulis sok tada teuing, oenami oerang hasil laksana kaoentoen tipoeng. oerang kaoel moendjoengan. ki ejang di Soekaboemi, oerang tĕras ka Batawi pělěsiran.

Tjeuk abdi ge enggal-enggal, oelah kawas boedak leutik. kitor Moenigar wangsoelna, djeung nembongkeun boedi manis, da abdi teh geus sidik, aja mama aja iboe, oepami sajaktosna, enggal bae geura soemping, abdi nanggel kana pihasileunana.

Amoeng ĕngkang rada sěsah, ka mana engkang nia ngoengs geuning di boemi Eulis mah, aja ge paměgět-istri, paněrka engkang lain, lain mama lain iboe, Moenigar ngawalonan, atoeh sajaktosna teuing, da abdi teh di dieu ngadon ngoembara.


  1. Karangan djoeragan S Oeteuh. Haoerkoeuing, Bandoeng.
- 249 -