Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/309

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ari noe sĕring katingal, sajaktosna lantjeuk abdi, eta teh sarĕng garwana, tjandakna ti Soekaboemi, ka dieu anjar ngalih, daměl kana goeroe bantoe, Barnas atoheun pisan, ti dinja tĕras ngoeriling, pělěsiran djadjah oenggal djalan běsar.

Ngareureuh di kěbon radja, ĕnggeus lami indit deui, dongkap ka Soeniaradja, ladjĕng pada neundeun djangdji, tĕras papisah deui, sami pada těgoeh koekoeh, kana niat rendengan, mo bisa dirobah deui, sami-sami ngait di djěro manahna.

Barnas datang ka imahna, njampak aja doea istri, djeung masihan hidji sĕrat, datangna teu atjan lami, Djang Barnas soeka ati, sĕratna dibatja tĕroes, oengělna jen raina, Nji Roekmini di Batawi, arek dongkap sareng njoehoenkeun dipapag.

Kinanti.

Sĕneltren anoe ka Garoet, endjing-endjing ti Batawi, pandjangna loear biasa, toer sěsěk oenggal_dareksi rame noe toeroen noe oenggah, oerang Asing djeung Priboemi.

Hidji istri němbe toeroen, ngalirik djeung alak-ilik, tingkahna jatna djatnika, kajoengjoen anoe ningali, tandang gandang kabalandan, djeung teu eureun larak-lirik.

Teu lami gělěnjoe imoet, kaget sakoer noe ningali, soegan teh deuk ngawawoehan, boro deuk njerengeh seuri, ahir bět kawiwirangan, noe geulis koe matak isin.

Horeng sareng Barnas imoet, sami pada bingah ati, sanggeus sami sasalaman, ka raka njaoer Roekmini, kang Enas oerang arangkat, hajang tĕrang Bandoeng rai.

Panasaran koe panjěboet, disarĕbat Paris Indi, ngan handjakal babawaan, kopěr masih di bahasi, ĕngke bae walon Barnas, oerang těboes koe si Koerdi.

Ngaliwat ka Pasar Baroe, bengong manahna Roekmini, lantaran anjaran nintjak, kota Bandoeng anae resmi paingan atoeh paingan, didjoegdjoeg ti mana-mĕndi.

- 250 -