Doeloer noe sono kalangkoeng, wantoe tîloe tahoen leuwih, sami pada teu kapĕndak, ana prok teh tĕpang deui. njaratiapkeun kasonoan, da sieun teu panggih deui.
Sahidji istri ti poengkoer. ngoentit ngintip ngintil-ngintil. tadina bade balandja, ka pasar rek barang beuli, ninga’i panata Barnas, siga anoe ngadoe rĕsmi.
Ngadadak nambahan napsoe, ari eta istri tadi. sihoreng Njai Moenigar. manahna asa disĕbit. tjoea asa dipapanas, karaosna njĕri peurih.
Manahna djadi takaboer, garĕgĕt ka Barnas kibir, los ka pasar ngadon sasar, njiar goela meuli sisir, tëroes bae nitih kahar, moelih da teu raos pikir.
Pangkoer,
Moenigar geus di boemina, ka rakana pĕrrrrsi bade noempi, dadakoe saoerna oedoer, reuwas pisan rakana, Nji Moenigar di kamar geus noetoep pintoe, njĕblak manah sisiakan. ngagoeling kana goegoeling.
Manahna teu pisan hegar, kalaletir pikir Hr ngoeping tjihtjir. ratoeg toetoenggoelan kalboe, manahna hĕnteu sabar, teu karaos tjisotja njoeroetjoed ngoetjoer, geus emoet njabakan bantal, moeiiggah djibroeg koe tjitangis.
Sasambat di djĕro manah, adoeh Goesti Alah noe maha soetji, moegi maparin pitoeloeng, maparin kasabaran. oelah sampe hate doemoegi mangpaoeng, lantaran koe dipapanas, koe Barnas noe djalir djangdji.
Hate abdi sakalintang, nandang bimbang anoe teu aja tanding, dibandingkeun sarëng goenoeng, gêde keneh kalĕwang, dibandingkeun sarong leuweung loewang-iiwoeng, noe tara kasaba djalma, liwoeng keneh hate abdi.
Hadena teu kabeunangan, koe si Barnas noe joeni tjara angin. rarah-ririh siga ngoengoen, da hajahng beubeunangan, noeroestoendjoeng estoe teu djaoeh ti bangoen, ajeuna bongan sorangan, kadjeun henteu djadi kawin.