Moenigar njoesoet tjisotja, geus bĕrĕsih ti kamar tĕras bidjil, geus di Ioear deui toeloej, angkat deui ka kamar, manah gilig geus loeas anoe saestoe, tret njĕrat sahidji sĕrat, ngagĕtĕr barina noelis.
Ari oengel eta sĕrat, pondok pisan jen geus teu aja milik, baris kana lambat-lamboet, sareng taja harëpan, niat kawin koe ieu soerat geus poetoes, megatkeun tali toenangan, disĕbat lantaran bĕntji.
Njebatkeun bong-an sorangan, sanggeus salse diprangkoan ditoelis sĕpoed tapak djalak tiloe, ari biasana mah, sok ngadjoeroeng boedak leutik ngaran Idroes, masih tatanggana Barnas, poelanganting weureu doeit.
Katjarita Oedjang Barnas, keur tjaralik doeaan djeung Roekmini, ngararot di tĕpas pajoen, sami pada goenĕman, Barnas naros. koemaha rama pangestoe, sadajana koela-warga, noe aja di Soekaboemi.
Nji Roekmini ngawalonan, sadajana aja berkah Jang Widi, tĕtĕp bae sakapoengkoer, ngan poetra mamang Arnvar, saoer mama geus meunangkeun goeroe bantoe, samalah ka Bandoeng pindah, karah aa tjan tingali.
Asmarandana.
Aa karek manggih sidik, jen Ombing di dieu aja, na di mana matoehna teh, naha mamang Hadji Anwar, koe henteu ngawartosan, tjeuk Roekmini doeka atoeh, abdi ge kakara tërang.
li ke oerang pĕlĕsir, mapaj-mapaj di Baraga, bari ngarah li wanoh. ka Njai Moenigar tea, tadi geus disoeratan, diadiak ka aloen-aloen, walon Roekmini soemangga.
Teu lila Idroes poentjĕngis, bari mawa-mawa soerat, Barnas nampi sĕmoe atoh, barang soerat diilikan, geuning noe tadi tea, soemoehoen atc^h tjek Idroes, abdi ge kalintang heran.
Sërat titah bawa deui, Ërfeng kalah ngadelekan, atoeh abdi tampi raos, Idroes teu pandjang tjarita, sartana ngadjaoehan, noe kantoen Barnas mĕrĕngoet, teu harti naon sababna.