Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/312

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Roekmini oge teu ngarti, henteu lami antarana, datang sahidji oepas pos, mamawa sahidji soerat, koe Barnas geus katampa. diboeka dibatja tëroes, kapoëkan Oedjang Barnas.

Roekmini bangët teu ngarti. tèras ditjokot amplopna, kakara djadi ngahartos, reh Moenigar afzenderna, tibalik parangkona, seratna dibatja têroes, paingan atoeh paingan.

Saoerna djeung rarah-ririh, maksadna bade ngoepahan, kang Ënas di C. B. Z. ge, seueur pigĕntoseunana, asal kĕrsa amĕngan. saoepami dintĕn Minggoe, geura ieu abdi boga.

Roekmini loempat ka boemi, koesiwĕl tina koperna, ka Barnas ningalkeun potret, tah ieu geura kang Ênas, anoe keur dipapanas, asal oerang Karangsoewoeng, toenanganana geus nikah.

Barnas sanggeusna ningali ka Roekmini ngawalonan, aa keukeuh njĕri hate, lantaran teu boga salah, Moenigar kitoe pèta, dina soerat noedoeh palsoe, padjah aa goreng tekad.

Tidinja Njai Roekmini, ngahajoe-hajoe ka Barnas, maksad ngalĕlĕdjar hate, hajang angkat mapaj-mapaj, kota anoe résmina, tidinja Djang Barnas teroes, ngagoegoe saoer raina.

Dangdanggoeia.

Hidji delman ngambah djalan rĕsmi, leumpang sèdèng tou kĕndor ten gantjang, eureun di hareupeun toko, doea istri taroeroen. tĕras lĕbĕt ka tolco mandjing, teu lami kalaloear, bangoen teu pnoedjoe, tjeuk noe hidji ah eta mah, ai ikar tjentjeu teu sapoek djeung ati, roepana kasar pisan.

Teras deui eta doea istri, madjoe ngidoel ajeuna mah angkau bade mapaj toko-toko, barangr.a eukeur kitoe, Barnas sareng Njai Roekmini, parĕngan papaliwat Moenigar ngarandjoeg, kawas noe digebah matjan, kareuwasna henteu aja anoe nancling, ningali Oedjang Barnas.

Barnas oge barangna ningali, ka Moenigar asa popotongan, rada tampi raos oge, kêkètègan noeroegtoeg, ngan Roekmini barang ningali, goepjak soeka manahna, bari têras njaoer. doeh ai Ombing teu njana, koe tjeutjeu teh ai eukeur diilari, sareng koe aa Énas.