Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/313

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Saoer Ombing adoeh tjeutjeu Ini, rai noehoen diparëng patepang, na di mana ajeuna teh, Njai Roekmini imoet, di Batawi kapan keur koeli, nëmbe kana kanidat, përlop doea minggoe, noehoen tjek Ombing saoerna, mangga atoeh ka ditoe ka rai tjalik, walon Ini ngiringan.

Saoer Barnas naha ai Ombing, mana pindah hënteu ngawartosan, sinarèng saha raka teh, di mana ai matoeh, ari ieu saha noe ngiring, toengkoel Njai Moenigar, ladjèng Ombing njaoer, ieu teh Njai Moenigar, ajeuna mah rai teh përënah adi, margi waris noe mawa.

Barnas seuri dina djëro ati, tapi soesah era koe Moenigar, toengtoengna teu bisa ngomong, Njai Roekmini ma‘loem, teras njaoer ka Njai Ombing, mangga atoeh ka mana, ai noe dimaksoed, tjeutjeu mah sédja ngiringan, maksad oge ka Bandoeng niât pëlésir, hajang ngadjadjah kota.

Sarëng deui neang oea istri, sarëng doeloer ieu aa Ënas, katiloe hajang pasondong, sarëng aji saestoe, walon Ombing teu aja deui, ajeuna mah marangga, ka aji ka ditoe, ëngke deui pëlësir mah, sarëng abdi soemèdja diiring-iring, etangan sosonoan.

Oerang boeroe gantjangna ngagoerit, sadongkapna ka Ombing boemina, soeka anoe katatamon, N ji Moenigar katjatoer, keur di poengkoer naros ka Ombing, tjeutjeu eta teh saha, wangsoel Ombing doeloer, poetra C. S. pangsioenan, tjek Moenigar garwana eta noe istri, ngawalon ih doeloerna.

Nji Moenigar manahna kaiëtir, hënteu sabar ngalantoeng ka latar, tjahja panon djadi awor, sarëng Barnas noe mawoer, pek lahlahan Barnas ngalahir, doeh Eulis Nji Moenigar, ëngkang sangêt paoer, doemoegi ka ilang sabar, nampi sërat pikir djadi kalalëtir, ampir deuk njorang sasar.

Manah sëdih Moenigar ngalahir, ngawaktjakeun anoe djadi marga, balaka teu akon-akon, toengtoengna Barnas imoet, saajeuna koemaha Eulis, bade kalaladjëngan, Nji Moenigar toengkoel, abdi nëda dihampoera, geus roemaos kabodoan diri abdi, doemoegi salah sangka.


- 254 -