21. ROEPA-ROEPA KANJAHO
a. NGADJIWAKEUN
Tangtoe rea noe masih keneh inget waktoe ngadjiwakeun di oerang, ka tompernakeun tahoen 1920. Harita geuning katjida pakěpoekna prijaji B. B. djeung ponggawa desa teh, tjeuk wiwilanganana maranehanana teu sempět dahar atawa sare-sare atjan, lantaran tjabakeunana sakitoe ngaleujana.
Kapala desa, mantri poelisi, tjamat, wadana, kontrolir nja kitoe deui bopati di ditoe di dieu pada ngajakeun koempoelan pikeun mere njaho ka djělěma rea, babakoena ka noe kapapantjenan njatjahkeun, koemaha prak-prakanana ngadjalankeun eta pagawean. Balangko djeung kartjis dikirimkeun mangpěti-pěti ka sakoeliah wěwěngkon Indonesia.
Moal boa rea noe nanja sorangan di djěro hatena: Djang naon eta balangko teh? Keur naon pagawe Nagara ngajakeun koempoelan sakitoe mindĕngna? Naon goenana ka oerang? Atawa balangko noe sakitoe noempoekna teh woengkoel kapalajna gěgĕden-gĕgĕden ti Batawi bae? Rek dikoemahakeun ĕngkena angka-angka beubeunangan ngadjiwakeun noe sakitoe reana teh? Djang saha atoeh eta angka-angka teh djeung keur naon deuih? Henteu helok, tangtoe rea noe tjan ngarti kana maksoed njatjahkeun teh. Didjalankeunana koe mangpoeloeh reboe djělěma. sarta lain oerang Priboemi bae, ieu mah sakabeh golongan rajat pada didjiwakeun: Tiong Hoa, Walanda, Arab djst. kolot-boedak noe kaja, noe miskin, teu dibedakeun.
Dina tahoen 1930 Nagara rek ngadjiwakeun deui. Nili'. kana sare'atna, moal gagal noe bakal kapapantjenan koe eta pagawean teh tangtoe leuwih rea batan noe ĕnggeus, nja eta waktoe ngadjiwakeun dina tahoen 1920 tea. Koe lantaran eta, kawasna pěrěloe oge ditĕrangkeun --- tapi rek dipondokkeun bae --- asalmoeasalna pangna rajat sok didjiwakeun teh, kitoe deui maksoedna katoet gawena.
Saěnjana njatjahkeun teh geus aja ti babaheula ti samemeh taram-taram kana aja itoengan tahoen Masehi, nja eta di nagara Babylon, Persi, Měsir, Eroem, Djěpang djeung di Tiongkok.
Dina ka tompernakeun abad ka 18 djeung di awal abad ka 19 tambah loba bae nagara-nagra noe njatjahkeun djiwana teh, komo sanggeus tahoen 1850 mah beuki něrěkab bae djeung atoe-