Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/315

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ranana mindèng dirobah nèpi ka lila-lila mah djadi sampoerna pisan.

Ajeuna ui oenggal nagara, di Eropa djeung di karerean nagara-nagara di banoea sedjen geus ilahar sok njatjahkeun djiwana, sarta waktoena, biasana sok ditĕtĕpkeun.

Hindia Inggris pohara kawĕntarkeunana tina hal kaberesan njatjahkeun djiwana. Eta nagara mimiti njatjahkeunana dina taoen 1871, téroes nĕpi ka ajeuna oenggal 10 tahoen sakali Sanadjan djiwana mangratoes-ratoes joeta djeung lĕgana sababaraha joeta km; kitoe aeui basa-basa Priboemina beda-beda oge — dina waktoe njatjahkeun pĕrloe make 20 basa — tapi hasilna mah beunang disèboet hade. Koe kitoe tea mah koemaha teu rek hade, da abdi-abai noe geus kasinoengan elmoe sosonsoson ngabantoean ka Nagara.

Ngadjiwakeun teh ongkosna teu saeutik djeung lain pagawean loeloemajanan deuih.

Naha aja goenana kitoeh, nee matak njatjahkeun sakitoe digoegoeloekeunana teh ? Koe oerang oge kapikir, moal ĕnja Nagara gana-gana ngahalkeun ngadjaiankeun eta pagawean, make waragad anoe sakitoe gĕdena, lamoen euweuh goenana mah, sarta teu sak deui paedahna teh tangtoe gedena, boektina oenggal nagara pada njatjahkeun djiwana.

Ĕnja, bĕnĕr! hal njatjahkeun teh henteu soelaja tina pangira, gede pisan mangpa'atna ka Nagara teh, nja kitoe deui ka oerang rea.

Djĕlĕira noe ati-ati, rikrik, gémi kana paredjĕkianana tangtoe moal sĕpi-sĕpi nitenan paoesananana. Misilna: soedagar, perĕloe njaho reana doeit noe kaloear djeung noe katarima atawa hidji-hidjina i barang noe tjan pajoe, sabab ilain ngan bakal kanjahoan sabaraha pibatieunana bae, tapi djeung bakal bisa ngatoer paoesahanana pikahareupeun deui, soepaja kaoentoenganana nambahan. Barang noe katjida „tarikna” koe manehna tangtoe disadiakeun leuwih loba batan sasari, sabalikna noe „kendor” tangtoe dikoerangan atawa bisa djadi moal ditambahan deui koe manehna.

Djoeroe tani koedoe njaho sabaraha hasil sawahna atawa kĕbonna, soepaja bisa kanjahoan oentoengna. Djaba ti eta manehna pĕrĕloe njaho reana binih pikeun mcesim noe kasanghareupan deuih.

Awewe noe goemati imah-imah moal kakoerangan dahareun,

- 256 -