Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/318

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nja kitoe deui baris njahoěun papakean noe koedoe dihadean dijeung noe koedoe diganti.

Lamoen ki soedagar koerang pangriksana, tĕgěsna hěnteu sapĕrti noe ditjaritakeun di loehoer tadi, bisa djadi dina hidji waktoe manehna kakoerangan barang noe katjida rarisna atawa loba njadiakeunana barang noe hese pajoena; koe djalan kitoe lila-lila manehna bisa djadi bangkroet lantaran barangna euweuh noe mareulian.

Patani noe oesahana ngan roegi djeung roegi bae, lila-lila mah radjakajana tangtoe beak didjoealan, nja kitoe deui lamoen teu boga binih atawa lamoen teu bisa njajagikeun binih satjoekoepna, tangtoe moal bisa noeloejkeun paoesahaanana atawa di bisana oge sabagian noe kapĕlakan teh.

Awewe noe teu toelaten, bisa djadi dina hidji waktoe moal bogaeun dahareun atawa teu bisa ngahadean papakean anoe roeksak lantaran geus lain omeaneun deui.

Pamarentah oge beunang diibaratkeun hidji toegoe oempi noe loba tanggoenganana, atawa lir pangoeroes paoesaiian gĕde noe patali djeung sakabeh djĕlĕma noe aja di wĕwĕngkonna. Poegoeh bae toegoe oempi teh wadjib sakali-kalieun ngaroris kaajaan roemah-tanggana, kitoe deui pangoeroes paoesahaan wadjib nitenan paoesahaanana, pikeun nganjahokeun madjoe-moendoerna.

Eta kabeh bakal kapanggih dina waktoe ngadjiwakeun. Geu­ra ieu di handap oerang djentrekeun malar atra katendjona.

Djiwa nagara lain ngan bakal kanjahoan reana bae, tapi tjatjahna di hidji-hidji imah pisan bisa kanjahoan, kitoe deui lalakiawewena, boedak-kolotna, malah geus laki-rabi-tatjanna boh randa-doedana, kabeh bakal kanjahoan katoet ka djoemblah-djoemblahna. Djaba ti eta oerang bisa njaho reana noe tanpa daksa, nja kitoe deui sagala roepa pagawean noe djadi pangoepa djiwa abdi-abdi oge baris katoengtik.

Dina waktoe Nagara ngadjalankeun ihtiarna noe patjantel djeung pangadjaran, boekaan djalan, ngatoer tanah, Pamarentah teh pĕrĕloe njaho reana djiwa. Dina waktoe ngajakeun sakola, Pamarentah koedoe njaho tĕmpat mana noe koedoe diheulakeun. Saratna taja lian ngan koedoe njaho heula djoemblah djiwa di satĕmpat-tĕmpatna. Misilna: aja 2 tempat anoe pĕrloe diajaan sakola, nja eta A djeung B, kaajaanana saroea, tapi di A djiwana

— 257 —

17