leuwih loba batan di B, tangtoe pisan noe koedoe diheulakeun teh A, lantaran djiwana leuwih loba tea.
Kitoe deui waktoe ngaboeka djalan. Samemeh njieun djalan gĕde — komo lamoen rek njieun djalan kareta api atawa trem mah — geus teu koedoe ditjaritakeun deui, koe Pamarentah tangtoe koedoe ditimbang-timbang heula nĕpi ka asakna, naha kira-kirana eta pagawean teh moal moebadir? Lamoen teu njaho reana djiwa, oerang hamo bisa ngira-ngira sabaraha reana djĕlĕma noe baris lalar-liwat di eta djalan.
Waktoe ngabagi-bagikeun tanah, oerang katjida pĕrĕloena nganjahokeun sabaraha reana djiwa. Eta doea pĕrkara katjida patjantelna di oerang mah. Tanah noe deukeut ka desa noe gĕgĕk eusina, tangtoe disajagikeun pikeun kapĕrloeanana oerang dinja bae, tapi lamoen teu sabaraha mah tjatjah-djiwana, eta tanah bisa djadi didjadikeun tanah erpah, sok moen oelah ngadjadikeun kabsuratan ka oerang desa bae. Dikaboel-hĕnteuna koe Pamarentah ngadĕgkeun atawa ngagĕdean pabrik goela di hidji-hidji tempat, eta oge goemantoeng keneh kana tjarang-gĕgĕkna tjatjah-djiwa di eta tempat.
Pikeun nganjahokeun kasehatan di hidji-hidji tempat, nja kitoe keneh bae; misilna: di hidji kota reana djelĕma noe maot dina saminggoe aja 100. Eta bisana dianggap meudjeuhna atawa loear biasa teh, goemantoeng kana reana tjatjah-djiwa di eta kota keneh bae. Lamoen djiwana tea loba, tangtoe teu matak kaget, tapi lamoen teu sabaraha, beunang diseboetkeun loear biasa; Pamarentah koedoe ihtiar soepaja oelah nĕpi ka kadjadian kitoe deui.
Ngadjiwakeun teh lain ngan rek sakali bae, tapi sababaraha kali, biasana sakali-kalina teh heuleut 10 tahoen. Eta teh katjida pĕrĕloena pikeun nganjahokeun ngoerangan atawa nambahanana tjatjah djiwa di hidji-hidjina tĕmpat atawa pikeun nalingakeun poendah-pindahna djalma. Sanggeusna ditjatjahkeun, kakara kanjahoan tĕmpat-tĕmpat mana noe ngoerangan atawa noe nambahan tjatjah djiwana, sarta Pamarentah tangtoe ihtiar pikeun kamadjoean eta tĕmpat-tĕmpat soepaja pangeusina oelah nĕpi ka ngoerangan deui.
Nagara pĕrĕloe oge nganjahokeun djoemlahna lalaki djeung awewe nja kitoe deui oemoerna, djeung salian ti eta malah pikeun oerang rea oge eta teh katjida pĕrĕloena. Reana djiwa lalaki djeung awewe teh koedoena mah saroea, tapi lamoen
— 258 —