Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/320

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kanjahoan reana tea, teu saroea, boh awewe noe leuwih batan lalaki, atawa sabalikna, koedoe boeroe-boeroe diihtiaran soepaja matang deui, lantaran bisa djadi aja matakna kana karahardjaan nagara.

 Waktoe nimbang-nimbang kapĕrloean rajat pĕrĕloe oge dikanjahokeun reana kolot djeung boedak. Nagara noe rea baroedak ngorana, beunang dimisilkeun hidji tangkal noe keur meudjeuhna kĕmbangna, leuwih rea kĕmbangna beuki loba boeahna. Lamoen boeahna tea leubeut, tangtoe koedoe disadiakeun tĕmpat noe lĕga pikeun neundeunna. Lamoen djiwa noe geus kolot oemoerna tea saeutik, eta hidji tanda jen di eta tĕmpat moendoer kasehatanana.

 Kahardjaan nagara goemantoeng oge kana reana noe geus laki-rabi. Lamoen rea djĕlĕma noe tjan kawin toer lamoen noeroetkeun oemoerna geus kaliwat tina waktoena, eta hidji tanda jen maranehanana soesah neangan kahiroepanana.

 Di dieu teu koedoe ditĕrangkeun deui jen Nagara pĕrĕloe nganjahokeun kapintĕran abdi-abdina, sabaraha reana noe bisa matjanoelis, boh dina basana sorangan atawa basa Walanda. Koe djalan noe saroepa kieu Pamarentah bisa ngoedji beubeunangan oesahana noe patjantel djeung pangadjaran.

 Baheula meh sakabeh abdi-abdi kahiroepanana ngan tina tatanen, tapi ajeuna rea paoesahaan sedjen. Pikeun nganjahokeun roepa-roepana djeung kamadjoean eta paoesahaan, pĕrĕloe abdi-abdi didjiwakeun.

 Djĕlĕma noe tanpa daksa oge wadjib kanjahoan reana, misilna: noe lolong, soepaja Pamarentah bisa mere pitoeloeng, boh ngirimkeun doktor ahli eta panajkit, boh ngadĕgkeun roemah sakit boeta.

 Pendekna ngadjiwakeun teh gĕde pahalana: Pamarentah bisa njaho naha oesaha Nagara noe ĕnggeus-ĕnggeus teh aja mangpa‘atna ka oerang atawa hĕnteu? Kitoe deui pĕrkara-pĕrkara noe koedoe diingĕtkeun, kasalahan-kasalanan djeung pĕrkara-pĕrkara noe bisa djadi koerang adil atawa sakoer noe pĕrĕloe pikeun abdi-abdi bisa kanjahoan koe Pamarentah.

 Djadi ngadjiwakeun teh pikeun ngamadjoekeun abdi-abdi; ana kitoe tetela pĕrĕloe djang oerang oge.

 Koe sabab eta oerang wadjib ngabantoe ka Nagara dina waktoe ngadjiwakeun noe bakal diajakeun dina tahoen 1930 tea, soepaja eta pagawean oelah gaplah. Noe diarĕp-arĕp koe Nagara

— 259 —