Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/322

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Tjap doeit. Doeit teh aja mangroepa-roepa; aja sawatara doeit kajaning: ringgit, perak djeung tĕngahan, anoe doea beulahanana digambaran, noe sabeulah koe gambar Radja, ari noe sabeulah deui tjap singa.

 Naon pĕrloena noe matak doeit sok make tjap Nagara? Ari pĕrloena nja eta soepaja sakabeh djĕlĕma pĕrtjaja jen eta doeit didjieunna koe ĕmas atawa perak toelen djeung pikeun netelakeun jen harga eta doeit teh moal geseh djeung noe ditoelis di dinja.

 Pangadjina doeit. Saeutik-eutikeun di dieu rek ditjaritakeun tina hal pangadjina doeit. Saĕnjana doeit ĕmas djeung doeit perak teh aja oge bedana, nja eta ari doeit ĕmas mah, lamoen diseboet pangadjina sapoeloeh roepiaeun teh, ĕmasna tea moal geseh ti lobana ĕmas harga sapoeloeh roepiaeun, tĕgĕsna taja bedana djeung pangadjina ĕmas poepoeton kawantoe saroea bobotanana. Sakabeh djalma kawidian njieun doeit ĕmas, asal oelah koe sorangan bae, tapi koedoe koe kantor tjitak doeit (Rijksmunt) di Utrecht djeung koedoe moeroehan deui.

 Naha ari doeit perak koemaha noe matak disĕboet beda?

 Ari doeit perak salawasna osok koerang tina pangadji perak poepoeton, tĕgĕsna meuli perak saroepiaeun teh bakal meunang perak poepoeton anoe bobotna leuwih tina timbangan perak anoe didjieun roepia tea.

 Naon sababna noe matak kitoe?

 Pikeun nĕrangkeun sabab-sababna katjida pisan hesena. ongkoh hĕnteu pati pĕrloe dikanjahokeun deui: koe sabab eta keun bae hal ieu mah ĕntong ditĕrangkeun di dieu. Ajeuna oerang ngadjoedjoet naon sababna noe matak oerang rea henteu diwidian njieun doeit perak. Koe lantaran pangadjina doeit perak leuwih tina pangadji perakna (poepoetonna), salian ti Nagara dilarang njarieun doeit perak. Ari lantaranana lamoen sagala djalma di­widian, tangtoe diparake njiar oentoeng njarieunan doeit teh. sa­bab lamoen oerang boga poepoeton perak harga saroepiaeun bae oge sarta lamoen didjieun roepia teh tangtoe aja sesana, koe oerang meureun bakal kanjahoan pikaoentoengeunana lamoen cerang boga poepoeton perak noe harga lipĕt ratoes lipĕt rewoe batan noe geus ditĕrangkeun di loehoer.

 Nja kitoe deui antara doeit perak atawa ĕmas djeung doeit kertas anoe dikaloearkeun koe Javasche Bank aja deui be

— 261 —