teh babakoena pangbantoe kaoem tĕrpĕladjar kalawan kabĕrĕsihan hatena, oelah poeraga tamba kadengda. Di dinja oerang bisa nembongkeun jen oerang oge hajang hiroep lajeut djeung babatoeran sarta ngimankeun pĕrkara-pĕrkara noe pĕrloe pikeun sarerea, tjontona dina waktoe: Ngadjiwakeun.
b. DOEIT
Naon saĕnja-ĕnjana ari doeit teh?
Ari noe diseboet doeit teh taja lian ngan hidji barang anoe geus ilahar sok diparake noekeuran barang sedjen. Baheula mah teu aja doeit, malah teu aja-aja atjan barang anoe tangtoe pikeun toekar-toekeur. Lamoen oerang aja pangaboetoeh, misilna boetoeh pare, eta pare koedoe ditoekeuran koe pangaboga oerang anoe dipikaboetoeh koe noe boga pare tea, misilna: koe laoek atawa koe naon bae, disĕboetna oeroep-oeroepan. Lila-lila sanggeus djĕlĕma ngarĕkahan, djiwa ngawoewoehan, kaperloeanana oge beuki tambah ngalobaan.
Beuki loba kapĕrloean, tambah rĕmĕn oeroep-roeroepan, beuki hese migawena, lantaran barabe tea da tatjan aja barangna noe dipikaboetoeh koe sarerea, anoe bisa ditoekeurkeun dimana nja pĕrloena. Koe sabab eta toeloej dipalikiran, naon pibarangeunana anoe sakira dipikarĕsĕp koe oenggal djalma, nĕpi ka beunang dioeroepkeun kana sagala roepa barang.
Lila-lila mah eta barang teh kapanggih, ari woedjoedna ĕmas djeung perak. Ari lantaranana eta barang pohara dipikarĕsĕpna koe djĕlema teh,sabab nadjan sakoemaha saeutikna oge, pangadjina aja bae, toer beunang diseboet eta barang teh tara roeksak deui. Mimitina mah anoe sok diparake oeroep-oeroepan teh ĕmas atawa perak poepoeton bae, henteu tjara ajeuna dibangoen didjieun doeit. Oenggal rek barang beuli eta ĕmas atawa perak teh sok ditimbang heula. Djaman harita rĕmĕn pisan kadjadian djĕlĕma noe ngadjaroeal barangna teu njarahoëun naon noe bakal katarima koe manehna, emas atawa perakna. Sanggeusna ĕmas djeung perak galib diparake naloekeuran barang, toeloej diatoer djeung dioeroes koe Nagara, ari kadjadianana nja sapĕrti anoe diparake koe oerang ajeuna, make tjap Nagara.
— 260 —