Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/324

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Tjap doeit. Doeit teh aja mangroepa-roepa; aja sawatara doeit kajaning: ringgit, perak djeung tĕngahan, anoe doea beulahanana digambaran, noe sabeulah koe gambar Radja, ari noe sabeulah deui tjap singa.

Naoh pĕrloena noe matak doeit sok make tjap Nagara?

Ari pĕrloena nja eta soepaja sakabeh djĕlěma pĕrtjaja jen eta doeit didjieunna koe ĕmas atawa perak toelen djeung pikeun netelakeun jen harga eta doeit teh moal geseh djeung noe ditoelis di dinja.

Pangadjina doeit. Saeutik-eutikeun di dieu rek ditjaritakeun tina hal pangadjina doeit. Saĕnjana doeit ĕmas djeung doeit perak teh aja oge bedana, nja eta ari doeit ĕmas mah, lamoen disĕboet pangadjina sapoeloeh roepiaeun teh, ĕmasna tea moal geseh ti lobana ĕmas harga sapoeloeh roepiaeun. Tĕgĕsna taja bedana djeung pangadjina ĕmas poepoetoen kawantoe saroea bobotanana.

Sakabeh djĕlma kawidian njieun doeit ĕmas, asal oelah koe sorangan bae, tapi koedoe koe kantor titik doeit (Rijksmunt) di Utrecht djeung koedoe moeroehan deu.

Naha ari doeit perak koemaha noe matak disĕboet bela?

Ari doeit perak salawasna osok koerang tina pangadji perak poepoetoen, tĕgĕsna meuli perak saroepiaeun teh bakal meunang perak poepoetoen anoe bobotna leuwih tina timbangan perak anoe didjieun roepia tea.

Naon sababna noe matak kitoe?

Pikeun nĕrangkeun sabab-sababna katjida pisan hesena, ongkoh hĕnteu pati pĕrloe dikanjahokeun deui; koe sabab eta keun bae hal ieu mah ĕntong ditĕrangkeun di dieu. Ajeuna oerang ngadjeodjoet naon sababna noe matak rea hĕnteu diwidian njieun doeit perak. Koe lantaran pangadjina doeit perak leuwih tina pangadji perakna (poepoetonna), salian ti Nagara dilarang njarieun doeit perak. Ari lantaranana lamoen sagala djĕlma diwidian, tangtoe diparake njiar ontoeng njarieunan doeit teh. Sabab lamoen oerang boga poepoeton perak harga saroepiaeun bae oge sarta lamoen didjieun roepia teh tangtoe aja sesana, koe oerang meureun bakal kanjahoan pikaoentoengeunana lamoen oerang boga poepoeton perak noe harga lipĕt ratus lipĕt rewoe tatan noa geus ditĕrangkeun di loeher.

Nja kitoe deui antara doeit perak atawa ĕmas djeung doeit kĕrtas anoe dikaloearkeun koe Javasche Bank aja deui bae

— 261 —