Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/325

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

teh. Saĕnjana anoe disĕboet doeit kĕrtas, lain kĕrtasna anoe aja hargana teh, tapi kapĕrtjajaan oerang ka eta bank, sabab taja lian eta teh ngan soerat hoetang ti Bank.

 Anoe sok njieun doeit taja lian kadjaba ti Nagara, djadi ngan Nagara woengkoel anoe kawasa pikeun njieun doeit teh. Lamoen sagala djalma diwidian njieun doeit, tangtoe koesoetna, lantaran ringgit ieu moal saroea djeung ringgit itoe, perak ieu moal saroea djeung perak itoe, toengtoengna kapĕrtjajaan oerang kana doeit teh tangtoe leungit.

 Koe sabab eta koe wet geus ditangtoekeun, jen doeit noe beunang dipake teh, ngan doeit dadamĕlan Nagara bae. Saha-saha anoe majar lain koe doeit dadamĕlan Nagara atawa anoe narima doeit noe saroepa kitoe, tjek wet teh koedoe dihoekoem. Atoeran kitoe teh katjida hadena djeung pĕrloe deuih. Doeit anoe dipake di Indonesia kabeh oge saroea, ngan di sawatara tĕmpat misilna di Timoer, Bali djeung Lombok anoe sok marake keneh doeit balado (baheula) teh.

 Anoe matak pangeusi tĕmpat-tĕmpat anoe kasĕboet bieu diwi­ dian keneh marake doeit heubeul, lantaran roepa-roepa hal anoe ngadjadikeun halangan pikeun ngaganti doeit heubeul koe doeit anjar, doeit Goepĕrĕmen; tapi ari Kas Nagara mah noe aja di eta tempat, nadjan djalma-djalma di dinja marake keneh balado oge, tara narima. Geus teu koedoe ditjaritakeun deui di dieu, jen di oerang, di Indonesia, baheula mah doeit kitoe teh dipake di mana-mana tapi ajeuna mah geus dileungitkeun koe Goepĕrĕmen, misilna doeit Inggris djeung doeit noe pangadjina sadoeit ti Soematra-Koelon, Borneo dj.s.t.

 Doeit anoe ajeuna dipake koe oerang, didjicunanana di pabrik doeit kagoengan Nagara, ajana di Utrecht. Eta pabrik disarĕboetna koe Walanda ,,Rijksmunt”. Njarieunana doeit teh katjida diati-atina, roepana ditangtoekeun koe wet, nja kitoe deui lobana ĕmas djeung perak pikeun saroepa-roepana doeit.

 Doeit teh roepa-roepa pisan, aja noe didjieun koe ĕmas, koe perak, koe nekĕl djeung aja anoe koe tamaga. Noe didjieunna koe ĕmas, nja eta tĕngahan (f 10—) djeung oeang ĕmas talenan (f 5.—); ari noe koe perak: ringgit, perak, tengahan. talen djeung kĕtip; anoe koe nekĕl nja eta sĕtipĕr; ari noe didjieunna koe tamaga nja eta: benggol, sen djeung peser.

 Doeit ringgit, perak djeung tĕngahan disĕboetna teekenmunt,

— 262 —