Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/326

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

hartnia doeit tanda. Doeit noe saroepa kitoe, koe oerang koedoe ditarima, nadjan sakoemaha lobana oge, lantaran eta doeit barang pameuli anoe sah, ari lobana hĕnteu diwatĕs-wangĕnan. Ari doeit noe sahandapeun tĕngahan, disĕboetna pasmunt, sarta doeit leutik noe saroepa kitoe mah sahna teh aja oekoeranana; tĕgĕsna oerang teu beunang dipaksa pikeun narima doeit talenan djeung pitjisan leuwih ti sapoeloeh roepiaeun; nja kitoe deui doeit sĕtipĕr leuwih ti pangadji lima roepaieun atawa benggol, sen djeung peser leuwih ti doea roepiaeun. Lamoen ngabogaan doeit leutik loba teuing, beunang ditoekeurkeun ka Kas Nagara.

 Doeit leutik anoe didjieunna koe perak pinoeh koe tjap doea beulahanana djeung sisina direge-rege, ari maksoedna nja eta soepaja katara lamoen dikikir atawa dikoemaha bae anoe matak ngoerangan kana pangadjina eta doeit, nja kitoe deui eta doeit teh dibangoenna oge katjida diati-atina sangkan teu bisa ditiroe. Lamoen teu kitoe tangtoe gampang ditiroena, itoe-ieu bisa djadi mararalsoe, nĕpi ka oerang sorangan mangmang kana doeit noe katarima, palsoe atawa henteuna oerang teu bisa nangtoekeun, toengtoengna nja matak leungit kapertjajaan. Doeit palsoe moal beunang dibeulikeun, lantaran moal pajoe.

 Doeit palsoe. Nagara ngadjaga soepaja teu aia noe malsoe doeit. Pangraksa Pangagoeng anoe saroepa kitoe, koe saha-saha oge tangtoe ditarima kalawan hade. Koe wet diantjam saha-saha anoe njieun doeit palsoe baris dihoekoem beurat, nja eta bisa ditoetoep nĕpi ka 15 taoen lilana.

 Anoe digantoengan koe hoekoeman teh lain ngan noe njieun doeit palsoe bae, tapi lamoen oerang meunang doeit palsoe oge teu meunang dikaloearkcun deui, sabab ngaloearkeun doeit pal­soe teh kaasoep kana palanggaran keneh bae, nadjan didjieunna lain koe oerang sorangan oge.

 Pikeun nangtajoengan pangeusi nagara, wet geus ngajakeun roepa-roepa atoeran tina pĕrkara doeit palsoe. Di imah, oerang teu meunang ngampihan pakakas anoe beunang dipake njieun doeit palsoe. Saha-saha anoe ngalanggar kana eta atoeran baris dihoekoem, nja kitoe deui anoe ngabogaan perak ipis anoe sakaroepa djeung doeit anoe dipake di oerang — sabab perak anoe saroepa kitoe gampang dipake malsoe noe saĕnjana.

 Ngaroeksak doeit. Oenggal-oenggal doeit oge, boh ringgitan, boh perakan atawa noe sedjen, bearatna teh geus ditangtoekeun.

— 263 —