Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/327

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Lamoen beuratna doeit ngoerangan, hargana oge tangtoe ngoerangan deui.

Naha koemaha noe matak bisa ngoerangan beuratna?

Koe goegoes nĕpi ka lenangna atawa koe roeksak, beuratna doeit bisa ngoerangan. Doeit lenang baris ditampi koe Nagara pikeun didjieun deui doeit, tapi doeit anoe geus diroeksak mah hěnteu, malah oerang oge hěnteu diwadjibkeun pikeun nampa doeit noe geus diroeksak. Doeit noe geus diroeksak hĕnteu pajoe, saroea bae djeung doeit palsoe. Geus kadjadian oge aja toekang ĕmas anoe ngikir sisi doeit ĕmas atawa perak pikeun njokot ĕmasna atawa perakna. Sanggeusna toeloej eta doeit teh ditoekeurkeun atawa dibeulikeun. Kalakoean anoe saroepa kitoe, koe wet dianggap hidji kalakoean anoe djahat pisan dina oeroesan doeit sarta hoekoemanana oge pandjara 12 taoen.

Baheula di Eropa nja tjara di dieu bae rĕmĕn kadjadian aja doeit anoe ditjokot ěmasna atawa perakna, lain koe dikikir, tapi koe djalan sedjen, djeung lain djalma kitoe-kitoe bae. tapi ieu mah radja-radja deui anoe karagoengan kalakoean kitoe teh. Soepaja nambahan doeit teh dilĕboer, toeloej didjieun deui, tapi beuratna koerang ti noe ĕnggeus. Kalakoean anoe saroepa kitoe, tangtoe matak nimboelkeun roepa-roepa kasoesahan. Pangadjina doeit djadi ngoerangan; djalma tagiwoer sabab ajeuna mah lamoen ngabalandjakeun doeit saroepia teh beubeunangan barang beuli koerang ti harga saroepiaeun. Harga barang kapĕrloean hiroep pohara mahalna, nĕpi ka kadjadian aja djalma riboet, tampolana mah něpi ka barontakna pisan.

Di dieu, di oerang, wet katjida kĕrasna ngalarang ngaroeksak doeit, tapi nadjan kitoe, doeit tambalan mah loba keneh pisan. Pangna loba doeit roeksak kitoe, sigana mah teu dihadja. tapi ieu mah woengkoel tina oerang Priboemi djeung oerang Tiong Hoa rarěsěpeun pisan make panitih atawa toesoek konde doeit bae. Tah pangna loba doeit tambal teh nja eta doeit oeroet panitih atawa toesoek konde tea. Oepama doeit tambal teu dibalandjakeun onam, nja teu naon-naon. Tapi koemaha biasana? Ana geus kapeped koe doeit — hidji hal anoe rěměn pisan kadjadian doeit tina panitih atawa tjoetjoek konde teh sok toeloej ditjopot-tjopotkeun bae sarta dipake balandja. Nagara njĕgah kana hal saroepa kitoe, nja eta pikeun ngaraksa soepaja oelah loba doeit anoe diroeksak. Sabab sakoemaha anoe geus diterangkeun di

— 264 —