loehoer, doeit anoe roeksak teh teu pajoĕ, saroea bae djeung doeit palsoe.
Djaba ti eta sok aja deui doeit roeksak koe lantaran sedjen, sanadjan teu sabaraha lobana oge. Geuning rĕmĕn pisan oerang manggihan djělĕma, ana rek narima doeit perak teh sok taliti pisan, diboelak-balik, dikĕntjang-kĕntjring. Eta hade pisan, sabab loba pisan djělĕma noe ngalakoekeun doeit palsoe atawa doeit anoe ngahadja beunang ngaroeksak, asal ngĕntjringkeunana oelah tarik teuing bae, sabab eta oge matak ngaroeksak kana doeit. Ana loba doeit roeksak saha anoe soesah? Djělĕma leutik-leutik keneh bae. Tampolana oerang desa anoe djaoeh-djaoeh oge maksakeun maneh indit ka pasar sĕdja barang beuli. Ari djol ka pasar doeitna teu pajoe, sabab roeksak; tangtoe bae manehna teh loeak-lieuk da poegoeh doeitna teh ngan sakitoe-kitoena, atawa di ajana oge moal sabaraha. Tah oepama kadjadian saroepa kitoe lain matak njoesahkeun ka djalma leutik?
Tempo-tempo aja oge noe sok kapatjtikeuh koe noe dagang deuih, anoe sok meuli doeit roeksak koe harga moerah. Pengarahna eta koe dagang anoe "pintĕr" teh, ĕngke dimana manehna ngaloearkeun doeit loba, eta doeit noe roeksak rek ditjampoerkeun soepaja oelah katjiri. Kalakoean anoe saroĕpa kitoe bisa meunang hoekoeman berat! Lamoen loba doeit roeksak dipadjoekeun, tangtoe oerang djadi tjangtjaja, toeloej ngakal-ngakal sangkan ngabogaan doeit noe harade woengkeol. Doeit anoe harade tea diampihan, diboeni-boeni. Geura lamoen seug kadjadian kitoe doeit noe hade moal loba noe kaloear sarta oerang bakal hese ngabogaan. Eta sababna noe matak doeit roeksak, koe Nagara dilarang dipadjoekeun teh. Doeit anoe aja tjatjadna atawa noe lenang koedoe boeroe-boeroe ditoekeurkeun ka kas Nagara. Ěnja ari lakoe tea mah, tapi leuwih hade lamoen dipoelangkeun ka Nagara. Anoe moelangkeun eta doeit moal karoeroegian, sabab dibajar noeroetkeun pangadjina, hĕnteu dikoerangan sapeser.
Pakeun doeit anoe ngahadja diroeksak, sedjen deui(téks teu kabaca)saroea bae djeung atosna pikeun doeit palsoe. Ari noe (téks teu kabaca) doeit palsoe atawa diroeksak, nja Departement Financiën. Doeit anoe disangka palsoe atawa sangadja diroeksak, dikirimkeun ka eta Departement. Lamoen koe Directeur Financiën geus ditĕtĕpkeun jen eta doeit teh ĕnja palsoe atawa diroeksak, wet ngidinan ka eta pangagoeng pikeun meulah eta doeit. Noe matak dibeulah teh lain soepaja, eta doeit hĕnteu sah.