Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/329

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

oge samemeh dibeulah geus teu sah, ngan soepaja teu pajoe deui bae. Anoe ngirimkeun eta doeit ngan oekoer meunang ganti karoegian sapangadji perakna bae, hartina lamoen noe dikirimkeun teh doeit ringgit, panggantianana teh moal saringgit, tapi ngan sapangadjina perak noe aja dina eta doeit tea. Tangtoe pisan eta panggantian teh koerang ti saringgiteun. Tapi anoe ngirimkeun doeit palsoe mah hĕnteu meunang ganti karoegian.

Doeit anoe pĕrloe dipake boekti pěrkara kiriminil, samemeh eta pěrkara dipariksa koe pangadilan atjan meunang dibeulah. Lamoen oerang narima doeit palsoe atawa doeit anoe diroeksak, tangtoe bae oerang tĕroes boga ingĕtan jen aja djalma anoe boga kalakoean djahat sarta beunang dihoekoem. Sabab moal aja doeit palsoe moen teu aja noe njieun atawa moal aja doeit roeksak moen teu aja noe ngaroeksakna. Koe sabab eta Algemeen Ontvanger wadjib ngirimkeun doeit palsoe atawa doeit anoe diroeksak, anoe katarima koe andjeunna ka Officier van Justitie atawa ka Kapala Plaatselijk Bestuur. Officier van Justitie atawa Kapala Plaatselijk Bestuur koedoe naloengtik naha eta doeit pangna palsoe atawa roeksak teh koe lantaran djahatna djělěma? Lamoen geus tetela lantaran djahatna djělěma, sarta djalmana geus kapanggih, lamoen noe boga salah teh bangsa Priboemi atawa Tiong Hoa, eta pěrkara koedoe dioeroes (didakwa) koe Kapala Plaatselijk Bestuur sarta lamoen noe boga salah tea oerang Eropa, koedoe didakwa koe Officier van Justitie.

Nagara teu bisa njěgah oerang Priboemi djeung Tiong Hoa marake panitih atawa tjoetjoek konde doeit. Tapi sanggeusna oerang njaho kana gawena doeit, meureun ngarasa jen loba pisan barebedanana oepama oerang make atawa njieun perhiasan koe doeit teh. Oenama hajang-hajang teuing make përhiasan tina doeit, loba ieuh doeit Nagara sedjen noe araloes sarta ten najoe di oerang, noe sok didjoeal di toko-toko, eta bae djieun pĕrhiasan mah. Enja make pĕrhiasan tina doeit hĕnteu dihoekoem tea mah, tapi da eta sok ditjaropotkeun deui sarta diparake barang benli atawa ditoekeurkeun. Koe lantaran doeit anoe geus dipake pĕrhiasan teh sok roeksak, ana geus roeksak tjek wet teu meunang dipajoekeun deui. Běněr tadina mah waktoe njieun pĕrhiasan tea teu boga niat arek majoekeun deui eta doeit, tapi geuráheun ana geus kapeped-peped teuing sok kadjoeroeng koe kaboetoeh toeloej bae ditjopotan. Mamalana ana kanjahoan oerang majoekeun doeit geus roeksak, apan bisa dihoekoem.

- 266 -