Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/330

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Leuwih hade lamoen oerang hĕnteu make pěrhiasan tina doeit anoe pajoe di tanah oerang, soemawonna ngahadja njieun atawa meuli mah. Oerang koedoe moelasara soepaja doeit anoe dipake di Nagara oerang oelah tereh roeksak, sabab oerang-oerang keneh bae anoe pisoesaheun mah moen datang ka hese doeit teh. Djadi koedoe tjangreud dina hate oerang. Patjoean oelah njieun pĕrhiasan tina doeit noe pajoe di dieu atawa meuli pĕrhiasan tina doeit oerang.


c. LENTAH. DARAT.

(koemaha ngalawanna)

Sarerea oge tangtoe mo aja noe bireuk deui kana hartina kĕtjap „lentah darat” teh, nja eta noe sok ngarentĕnkeun. Pangna disĕboet lentah darat lantaranana beurat teuing rentĕnna, liwat ti oekoeran noe kawidian koe Nagara. Kalakoeanana lir lentah bae: Njeuseup gětih si bodo, noe toena koe loeang, sĕpi koe pangarti, lĕmbek euweuh boeboedenna. Ana kitoe teu matak helok lamoen rea noe mitjoea kalakoeanana lentah darat teh, da pohara teuing njeuseupna, euweuh pisan kamanoesaanana; tajohna katarik koe napsoe ki pantja, ngawoela ka doenja. Di oerang teh arang langka anoe bisa ngeureut mitjeun, rikrik gĕmi kana rĕdjĕki, kalolobaanana mah ngan koerang djeung koerang bae, biasana sok moen sĕnang ajeuna, isoek mah koemaha behna. Tah noe kitoe noe sok djadi parab lentah darat teh.

Lain di dieu bae, di nagara batoer ge aja, malah leuwih loba lentah2 darat teh sarta geus lila deuih. Saksina tong djaoeh-djaoeh apan dina Koerän oge kaoeni, jen haram ngarentĕnkeun teh. Djadi hidji tanda jen alam Kangdjĕng Nabi Moehammad oge geus aja.

Pamarentah Hindia teu sĕpi-sĕpi neangan akal sangkan eta lentah darat teu bisaeun sakama-kama deui ngadjalankeun pantjarianana. Noeroetkeun oendang-oendang noe kaoeni dina Staatsblad 1916 No. 643 hakim dikawasakeun koe Nagara pikeun ngentengkeun ka noe boga hoetang. boh koe dikoerangan hoetangna, boh koe dibatalkeun perdjangdjianana, nja eta lamoen katimbang noe ngahoetangkeun teh gĕde teuing njokot kaoentoenganana sarta noe boga hoetang tea nĕrangkeun kabeuratanana. Djaba

— 267 —