Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/331

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ti eta hakim kawasa mariksa saksi-saksi dina eta pěrkara. Dina eta Stb. kaoeni kieu:

 „Lamoen dina hidji perdjandjian kanjahoan salah sahidji pehak neangan kaoentoengan, boh keur manehna pribadi, boh djang noe lian, kalawan make kalĕmbekan pehak sedjen, kajaning eta pehak sedjen teh koerang timbanganana atawa kanjahona atawa keur kasoesahan sarta lamoen ditimbang djeung kawa-djibanana noe kaoeni dina eta perdjandjian, kaoentoenganana liwat ti oekoeran, hakim, kitoe soteh lamoen dipenta koe pehak noe boga hoetang, bisa ngĕntengkeun tanggoenganana pehak noe boga hoetang tea atawa ngabatalkeun eta perdjandjian sama sakali. Waktoe moetoes hakim koedoe ihtiar soepaja pehak noe boga hoetang djeung noe ngahoetangkeun kaajaanana balik deui ka asalna, saperti waktoe maranehanana memeh nĭjoeun perdjandjian.

 Dina sagala pěrkara kaidinan mawa saksi pikoen mere katěrangan."

 Tah ti harita rea noe geus katoeloengan tina pangdjĕritĕna lentah darat. Barang tangtoe lentah darat oge toe tijitingĕun, moal salah deui maranehanana oge neangan akal soepaja bisa leupas tina kakawasaan eta oendang-oendang. Koe lantaran dina oendang-oendang kaoeni, jen dina sagala perkara hakim narima katerangan saksi, lentah darat ihtiar koemaha akalna soepaja soerat perdjandjianna tĕtĕp kakoeatanana sanadjan teu make saksi oge. Di ajana oge saksi maranehanana hamham kĕneh bae, lantaran bisa dijadi eta saksi nĕrangkeun ka hakim jen doeit noe dĭtarima koe noe boga hoetang teh reana teu saroĕa djeung noe ditĕrangkĕun dina soerat perdjandjian; misilna noeroetkeun soerat perdjandjian noe boga hoetang koedoe narima f 200, tapi saĕnjana ngan f 100. Ajeuna lentah darat geus meunang akal anjar. Babakoena lentah darat di kota-kota noe galĕdĕ, geus teu make deui soerat tanda tangan biasa, tapi ieu mah soerat aksep, nja eta soerat hoetang noe biasa dipake koe oerang Eropa dina perkara dagang. Dina oendang-oendang perkara sipil pikoen oerang Eropa, pasal 1897, kaoeni kieu: "Katerangan saksi jen lobana hoetang teu saroĕa djeung noe dĭtĕrangkĕun dina soerat (aksep oge akte kĕneh) teu bisa ditaĕma deui koe hakim; dijeung noeroetkeun pasal 131, al. 4." I. S. (Indische Staats regeling) oerang Priboemi noe nanda soerat aksep, dina pěrkara eta dianggo gap kakoeroeng kana hoekoem oerang Eropa, djadi katangtoe.

- 268 -