Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/332

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dina pasal 1897 B. W. oge (Burgerlijke Wetboek) kapake pikeun maranehanana. Eta sababna noe matak lentah darat make soerat aksep dina waktoe ngadjalankeun doeitna; nja kitoe deui noe djadi sababna noe matak ajeuna oendang-oendang noe njĕgah lentah darat (Woekerwet) geus teu sabaraha deui goenana.

 Koe sabab eta ieu perkara katjida pentingna lantaran patjantel djeung kasalamĕtan djĕlĕma rea. Ana kitoe oerang sarerea pĕrloe malah wajib ngabantoean ka Pamarentah soepaja oesahana teu moebadir, nja eta oesaha pikeun kasalamĕtan abdi-abdi sangkan oelah djadi parab lentah darat deui.

 Ajeuna di Bandoeng aja hidji pakoempoelan noe maksoedna rek ngadjaga soepaja oerang leupas tina gĕnggĕman lentah darat, dĕmi ihtiarna koe ngajakeun biantara (lezing) di sabababaraha tĕmpat. Dina eta biantara koedoe ditĕrangkeun jen djĕlĕma teh koedoe bisa ngeureut mitjeun soepaja oelah sangsara hiroepna. Kitoe deui koedoe ditĕrangkeun kalawan make tjonto, jen katjida bahlana lamoen oerang menta toeloeng ka lentah darat teh.

 Eta pakoempoelan geus ngaloearkeun hidji boeke djalan pikoen pakoempoelan-pakoempoelan noe mĕrangan lentah darat tea sangkan hasil maksoedna. Ieu di handap arek diringkĕskeun sakoer noe ditĕrangkeun dina eta boeke, soegan djeung soegan djadi obor pikoen djĕlĕma rea.

 Biasana djalma² anoe dĭtarik ka pangadilan lantaran hoetang sok areraeun. Eta teh hidji kabiasaan noe teu hade; da oerang teu koedoe era-era. Hakim teh lain logodjo atawa tangan-tanganngana lentah darat, tapi hidji amtĕnar noe koedoe ngadjalan-keun hoekoem noe kaoeni dina oendang-oendang, misilna di dieu oendang-oendang panjĕgah lentah darat tea.

 Noe didawa koedoe diingĕtan, oelah sok sabongbrong teuing. Lamoen tjeuk lentah darat pĕrkarana rek ditjaboet atawa rek menta ka pangadilan soepaja pĕrkarana dipoendoerkeun, eta teh oelah pisan dipĕrtjaja, sabab geus rĕmĕn kadjadian omonganana teh gapong, ngan akon-akon woengkoel ngarah noe didawa daekeun majar hoetangna, padahal ari pĕrkarana mah tĕroes bae dipariksa koe hakim dina waktoe noe geus ditĕtĕpkeun tea, nĕpi ka noe didawa teh dihoekoem verstek (dĭtibanan hoekoeman waktu manehna keur euweuh), hartina dihoekoem teu kalawan ngadĕp deui. Koe matjikeuh kitoe lentah darat teh hasil maksoedna, sabab koe lantaran eta perkara dipariksa tĕroes, toer noe didawa tea teu njaho-njaho, noe ngadawa aja harĕpan soegan bae noe

- 269 -