didawa teh teu njahoëun jen manehna masih keneh bisa ngalawan poetoesan pangadilan.
Noe didawa bisa menta katĕrangan ka kantor griffier, naha bĕnĕr pĕrkarana ditjaboet atawa noe ngadawa teh menta soepaja eta pěrkara dipoendoerkeun.
Lamoen noe didawa ngadĕp ka pangadilan manehna pĕrloe dibere njaho jen koedoe njarita tĕroes tĕrang, koemaha asalmoeasalna pangna ngindjeum doeit, djeung naon sababna noe matak hoetangna tea nambahan. Lamoen menta ka hakim soepaja oendang-oendang panjĕgah lentah darat tea didjalankeun, aja harĕpan hoetangna cukoerangan malahan bisa oge dipoetoes koe hakim jen hoetangna tea geus loenas atawa majarna kalobaan teuing, nĕpi ka doeit paleuieuwihanana tea bisa dipenta deui koe manehna ti noe ngadawa.
Oerang oelah pĕrtjaja bae kana omongan noe ngahoetangkeun teh. Oepama manehna menta ongkos administratie, paroeroegi djeung salianna, oelah diwaro koe oerang. Ka hakim oerang tjoekoep koe nĕrangkeun kieu bae: saanoe nampa dceit ti manehna, geus majar saanoe sarta njoehoenkeun soepaja oendang-oendang panjĕgah lentah darat tea didjalankeun. Hakim koe andjeun bakal nĕtĕpkeun sabaraha rentĕnna hoetang oerang tea djeung sabaraha noe kaasoep kana panjitjilan poko.
Rea noe ngira, noe sah pikeun katĕrangan ka hakim teh ngan woengkoel koeitansi, rĕsi wesel djeung katĕrangan saksi bae. Saĕnjana eta oge kadangkala tatjan tjoekoep. Hadjeun oge noe ngadawa ngakoe jen manehna ĕnja geus narima doeit noe lobana sakoemaha noe ditĕrangkeun dina koeitansi djeung salianna tea, tapi lain panjitjilan hoetang noe ajeuna dipĕrkarakeun tea; eta mah panjitjilan hoetang noe geus loenas. Dina lěbah dieu noe didawa koedoe menta ka hakim soepaja noe ngadawa disoempah. Djaba ti eta manehna meunang menta ka hakim soepaja noe ngadawa disoempah lamoen panjitjilan hoetangna tea dianglĕs, sedĕng manehna teu boga saksi atawa katĕrangan noe sedjen.
Sabalikna noe ngadawa oge meunang menta ka hakim soepaja noe didawa sorangan noe disoempah teh. Hal ieu^ oelah sieunsieun lamoen saĕnjana mah. Sabab lamoen wani disoempah, tetela katěrangan noe tadi teh bĕnĕr sarta teu beunang dibantah deui.
Lamoen geus dipoetoes koe hakim sarta noe didawa tea dielehkeun perkarana, noe ngadawa tea meunang menta soepaja