barang noe didawa teh. disita. Tangtoe pisan manehna teh teu ngeunaheun hatena, tapi lamoen ngingëtkeun atoeran sedjen noe bisa ctidjalankeun koe noe ngadawa, disita teh teu sakoemaha. Noe ngadawa tea bisa menta soepaja noe didawa digijzel (ditoetoep). Beuki angot beuratna teh lamoen manehna digawe di no& sedjen, sabab koe lantaran ditoetoep tea manehna bisa djadi dilëpas tina pagawenana.
Ingètkeun: Oerang Eropa djeung oerang Timoer asing — kitoe deui oerang Priboemi noe kakoeroeng koe hoekoem Eropa, bisa soteh digijzel lantaran hoetang, lamoen hoetangna tea patjantel djeung perkara dagang.
Tadi di loehoer geus clitërangkeun noe didjieun soerat hoetang-pihoetang koe bangsa Eropa dina perkara dagang teh nja eta soerat aksep. Soepaja aja kakoeatanana pikeun si lentah darat dina eta soerat diterangkeun lain bae manehna tapi djalma noe „ditoeloengna” oge soedagar, sanadjan eta djaima boga gadjih sarta doeit beunang ngindjeum teh lain Èeur dagang tapi misilna dipake majar sewa imah djst.
Baheula mah lamoen aja përkara hoetang aksep, katerangan jen eta hoetang teu patjantel djeung oeroesan dagang teu dianggap koe hakim, tapi ajeuna lain deui. Pamenta lentah darat soepaja djëlema noe boga hoetang tea digijzel mindëng ditolak koe hakim, asal eta djaima bisa nërangkeun jen hoetang tea teu patali djeung oeroesan dagang.
Djaba ti eta noe didawa tea bisa menta soepaja perkara dipoendoerkeun, ngarah aja waktoe keur koekoempoel pikeun majar hoetangna tea. Oepamana hoetangna teh f 150; manehna teu sanggoepeun ari koedoe disakalikeun mah, iwal ti koedoe aja tempo, misilna 3 boelan. Koe sabab eta, manehna koedoe sateka-teka ihtiar soepaja meunang omber 3 boelan.
Lamoen geus nepi kana waktoena diparikaa, manehna meunang menta ka hakim soepaja perkarana dipoendoerkeun doea atawa tiloe minggoe, sarta lamoen geus nepi deui kana waktoena dipariksa manehna meunang menta soepaja saksi-saksi noe ngadawa — kitoe soteh lamoen aja — disoempah. misilna di masdjid.
Lamoen noe didawa tea ngawasakeun noe sedjen pikeun ngoeroes atawa moendoerkeun perkarana, kawasana tea meunang menta ka hakim, rek moepakat he«la djeung noe diwakilan koe manehna tea.