Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/335

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Kitoe deui sanggeus hakim ngaragragkeun hoekoeman, oerang boga keneh djaian pikeun ngělatkeun pamajaran, misilna apel.

Aja deui djalan sedjen ngarah meunang omber. Noe didawa tea bisa ngadjeunkeun pěrkarana soepaja dipariksa verstek. Sanggeus dibere njaho poetoesanana koe deurwaarder, manehna aja tempo pikeun menta soepaja pěrkarana dipariksa sakali deui (verzet), nja eta di djěro 30 poë lamoen pěrkarana tea dipariksa di Residentiegerecht.

Tapi ngadjeunkeun perkara soepaja dipariksa verstek teh aja oge bahlana sarta gĕde deui. Lamoen di djěro tempo noe geus ditĕtěpkeun, oerang teu njieun verzet, oerang teu bisa apel deui, sarta hakim koedoe narima sagala katĕrangan noe ngadawa.

Lamoen eta pěrkara dipariksa verstek, bisa djadi hoetang noe didawa teu dikoerangan koe panjitjilanana, něpi ka manehna koedoe majar leuwih loba batan mistina. Bisa djadi oge noe ngadawa menta ka hakim soepaja nos didawa digijzel. Kitoe deui manehna euweuh tempo pikeun menta ka hakim soepaja oendang-oendang panjěgah lentah darat tea didjalankeun.

Sanadjan oerang njieun verzet oge, masih keneh bae oerang mah roegi. Kahidji oerang koedoe majar segěl ƒ 1,50, sabab pioendjoek oerang soepaja eta pěrkara dipariksa deui teh koedoe dina segěl; djaba ti eta oerang koedoe majar ongkos pěrkara.

Koe sabab eta poma pisan oerang ngadjeunkeun perkara oerang dipariksa verstek.

Loba noe ngira poetoesan verzet teh teu beunang dirobah deui. Saĕnjana teu kitoe. Oerang masih bisa apel.

Lamoen noe didawa tea rek ngawasakeun noe sedjen pikeun ngadĕp, manehna bisa datang sorangan ka pangadilan, nĕrangkeun djělěma noe dikawasakeun koe manehna tea. Tapi manehna bisa oge ngawasakeun koe soerat, dina segěl nos ƒ 1,50. Aja oge hakim di Residentiegerecht noe něrangkeun jen soerat kawasa teh teu koedoe dina segěl, lamoen hoetang noe dipěrkarakeun tea f 100 ka handap.

Lamoen dina hidji pěrkara aja sababaraha oerang noe didawa, maranehanana bisa ngawasakeun babarengan dina hidji soerat bae. Djeung lamoen rek ngawasakeun hidji djělěma pikeun ngoeroes sababaraha roepa pěrkara, leuwih hade eta djělěma dibere soerat kawasa pikeun sagala pěrkara bae.

Biasana lamoen eta perkara geus dipoetoes, oerang dibere waktoe pikeun mikir-mikir naha rek apel atawa moal. Pikeun apel

- 272 -