atawa verzet — nja eta lamoen eta perkara dipoetoss verstek — di Kesidentiegereeht oerang ciibere tempo 30 poë, di Landraad 14 poë. Kadangkala apei teh përloe pisan sojpaja oerang njaho koemaha poetoesanana Raad van Justitie djeung oerang aja tempo pikeun ngoempoelkeun doeit bakal majar hoetang noe dipĕrkarakeun tea.
Lamoen eta perkara dipoetoes verstek, noe didawa koedoe verzet. Dina soerat rëkesna koedoe disoehoenkeun:
1e.soepaja hakim nerangkeun koe pones, jen nos didawa ngalawan poetoesan pangadilan noe geus diragragkeun kamanehna;
2e. soepaja hakim njangkolong hoetang noe didawa:
- a. koe djoemblah panjitjilan noe geus dibajar ka noe ngadawa,
- b. koe ngoerangan rentenna, kitoe soteh lamoen ngingĕtkeun atoeran noe kaoeni dina oendang-oendang panjĕgah lentah darat, noe ngahoetangkeun teh gëde teuing njokotna renten;
3e. soepaja hakim nolak pamenta noe ngadawa pikeun ngagijzel noe didawa (perkara aksep, lamoen eta hoetang teu patali djeung oeroesan dagang);
4e. soepaja hakim moetoeskeun jen ongkos-ongkos perkara dibajar koe noe ngadawa.
Lamoen noe didawa tea geus teu bisa apel deui, tarekahna taja deui lian ti koedoe badami bae djeung noe ngadawa soepaja hoetangna bisa ditjitjil. Tapi sanadjan geus moepakat oge, ari poetoesan hakim mah tĕtĕp bae teu beunang ditjaboet deui. Dimana noe didawa tea tjidra tina djangdjina, eta poetoesan bisa toeloej didjalankeun, boh noe didawa teh disita radja-kajana, boh manehna sorangan ditoetoep.
Tah kitoe geuning ringkĕsna noe kaoeni dina boekoe toedoeh djalan pikeun njegah lentah darat teh. Ajeuna oerang njaho saeutik-eutikeun koemaha tarekahna lamoen oerang dipĕrkarakeun koe lentah darat. Tapi ari noe panghade-hadena mah taja lian oerang koedoe ati-ati oelah nepi ka djadi parab lentah darat, sabisa-bisa oelah bae wawoeh djeung noe kitoe teh.
Lamoen oerang misilna teu bisa majar sewa imah, lantaran kapapatenan tea atawa naon bae, nĕpi ka oerang ngaloearkeun doeit liwat ti misti, oerang oelah boeroe-boeroe menta toeloeng
- 273-