Lompat ke isi

Kaca:Volksalmanak Soenda XII, 1930.pdf/337

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ka lentah. darat; aloesna mah badami heula bae djeung noe boga imah soepaja bisa ditjitjil. Lamoen teu beunang diadjak badami, neangan bae doeit koe djalan sedjen, misilna ngagadekeun. Sing ingêt banda teh tatalang raga. Lamoen aja borohna bisa oge oerang ngindjeun ka afdeelingsbank. Poma oelah njobanjoba ka lentah darat, sabab lamoen geus kadjirĕt hese kaloearna deui. Anggoersi lamoen aja noe ngarentĕnkeun teh, boeroe-boeroe bedjakeun ka Inspekteur perkara padjĕg; tangtoe pisan koedoe make tanda boekti, misilna soerat aksep. Koe djalan eta manehna bisa djadi ditaekkeun padjegna.


d. KONINKELIJKE MARINE

Anoe ngaraksa kamerdikaanana karadjaan Walanda djeung djadjahanana di laoet, nja eta Koninkelijke Marine kalawan kapal perangna sarta kapal oedarana. Tapi saenjana lain ngan tina hal perang bae anoe koedoe dioeroes teh, loba deui; sapĕrti: dina waktoe keur aman koedoe nalingakeun anoe ngarala laoek di Noordzee, nalingakeun kaajaan tjai laoet, nalingakeun oeroesan kapoelisian di tjai, djeung nembongkeun kaloenggoehan nagara Walanda koe ngirimkeun kapal perang ka nagara sedjen.

Ari ngatoerna armada mah sarta sasadiaanana samemeh aja kadjadian perang, eta mah goemantoeng kana pangira-ngira bae, koemaha tĕdakna moesoeh. Pakarang anoe diparake ajeuna di laoet, roepa-roepa pisan, nja kitoe deui pakakas pilawaneunana, paaloes-aloes, paliade-hade, pakoeat-koeat. Mariĕmna beuki pagĕde-gĕde, pelorna palepas-lĕpas cljeung kapalna beuki tarohaga bae, nëpi ka sok dilapisan koe wadja saboedeurna, ari roebakna 3 m.; noe kakeueum koe tjai 1 1/2 m. djeung 1 1/2 ni. deui saloehoereun koelit tjai. Ari sababna noe matak eta lapisan wadja teh kitoe dipasangna, kieu; lamoen oerang njerepetkeun batoe kana tjai, geuning-sok apëng-apengan, tara oedjoeg-oedjoeg ngalĕlĕp, Tah pelor oge kaajaanana teh nja kitoe. Eta sababna noe matak kapal noe dilapisan koe wadja ngan bagian noe deukeut kana koelit tjai bae teh. Djaba ti eta deui anoe dilapisan wadja teh, nja eta: mesin, ketel, pakalcas kamoedi, tëmpat obat djeung pelor, djeung moenara tĕmpat ngadjalankeun paparentahan.

Tapi nadjan geus sakitoe tohagana, dasar akal, elehna koedoe koe akal deui; noe palintĕr‘geus manggih deui akal pikeun njieun

- 274 -