pelor anoe pibisaeun ngaroeksak lapisan wadja nadjan anoe sakoemaha koeatna oge. Pendekna ajeuna mah geus teu aja beusi teu aja wadja, tangtoe toblong moen kasorang koe eta pelor teh. Djaba ti eta geus aja deui pakakas anjar piksun ngaroeksak kapal di,djêro tjai, nja eta koe torpedo djeung koe boerang (mijn). Ari dipasangna eta mijn teh di djero tjai, kira-lrira doea metĕr djĕrona. Lamoen eta mijn kadoepak koe kapal tangtoe bitoena djeung matak botjor deuih.
Ari anoe diseboet torpedo bangsa pelor keneh. sarta beunang dibĕdilkeun ti djĕro atawa ti loehoer tjai.
Koemaha akalna soepaja kapal oelah kaieboeh lamoen keuna koe mijn atawa koe torpedo ? Nja dasarna didjieun sababaraha tahap djeung dikamar-kamar, djadi oepama botjor, anoe baris kaeusian tjai teh ngan kamar noer botjor noe aja dina tahapan noe roeksak tea bae.
Pikeun ngadjaga soepaja oelah ngadoepak mijn, kapal model ajeuna mah pada ngabogaan pakakas panoelakna, anoe bisa megatkeun rante mijn sarta ngadjaoehkeun tina tempat anoe rek diliwatan.
Pakakas-pakakas anoe sok dipake di laoet, tadi di loehoer geus disĕboetkeun jen roepa-rcepa pisan, warna-v.aroa, malah kapalna pisan oge henteu samodel bae. Ieu di handap arek disaboetan saroepa-roepana kapal pêrang, nja eta:
- kapal mariĕm; gagamamia loeloegoena marieni;
- kapal torpedo; loeloegoena gagamanna teh torpedo;
- kapal mijn, nja eta kapal anoe diwoengkoelkeun gawena pikeun masang djeung ngangkat mijn;
- kapal pangantara (tusschenschip), nja eta kapal anoe sok dimoeatan bĕbĕkĕlan atawa kapal titaheun; pikeun ieu kaperloean kapal K. P. M. oge beunang dipake.
Kapal mariĕm anoe djadi pamanggoelna di oerang. nja eta kapal pĕrang Java djeung Sumatra; djaba ti dinia aja deui kapal poelisi anoe laleutik. sapĕrti: kapal Flores djeung kapal Soemba.
Ari gĕdena mariem anoe djadi gagaman loeloegoe dina k apal mariem nja mokaha oge, goerat tengah liang koetjoeboengra teh 15 cm. Njeungeutna djeung ngintjema bisa koe doea djalan: kahidji nja eta noeroetkeun anoe geus biasa. hidji mariem koe doea matros djeung kadoea koe saoeraçg bae. Ari ngabehenerna mariĕm noeroetkeun panoedoehan djaroem noe aja dina hidji pĕlat, ari didjalankeunana make kakoeatan listrik. Matros anoe ngabe-