po-tempo sok dianteur fcoe salah saoerang opsir noe djadi djoeroe basa.
*
**
Kapal perang model kadoea nja eta kapal torpedo. Ari sababna noe matak aja eta kapal, lantaran aja pakakas anjar, nja eta torpedo tea.
Koe sabab kapal marièm teu bisa padeukeut pisan djeung moesoeh, doemeh lamoen deukeut teuing tangtoe roeksakna, djeung koe lantaran torpedo teu beunang dipetakeun ka noe djaoeh-djaoeh, noe palintêr henteu eureun-eureun nareangan akal sangkan bisa njieun kapal anoe pibisaeun ngadeukeutan kapal moesoeh pikeun mĕtakeun torpedona. Ajeuna kapal anoe kitoe teh geus aja, ari ngadeukeutanana moesoeh sok ti peuting sangkan oelah kanjahoan lamoen tatjan deukeut pisan mah. Prak-prakanana kieu: eta kapal teh teu masang lampoe, djadi mopoëk bae sakoemaha biasana dina waktoe perang. Kapal torpedo biasana sok nareangan kapal mariem, ari pakakas anoe dipake soepaja bisa nendjo moesoeh di noe poëk nja eta hidji roepa kekĕr paranti ti peuting anoe katjida tjaangna. Eta kekĕr bisa dipake nendjo kapal atawa haseup kapal noe djaoehna sawatara reboe meter di noe poëk. Tapi sanadjan kitoe tatjan beunang ditangtoekeun jen eta kapal baris saban waktoe bisaeun nendjo kapal ka noe djaoehdjaoeh, lantaran goemantoeng deui kana poek-tjaangan peuting.
Lamoen eta kapal geus nendjo kapal moesoeh, biasana sok disampeurkeun lalaoenan sarta sabisa-bisa tara ngaloearkeun haseup loba. Sanadjan kitoe, biasana mah doea reboe meter deui oge sok kanjahoan. Di kapal mariem anoe rek dideukeucan tea sok riboet masang zoelclicht dipake njorotan kapal torpedo tea. Di djero sapoeloeh sĕkon.bae oge sora mariem geus rame pating beledoeg, kapal torpedo ditèrĕgtèg koe pelor. Dina waktoe kitoe kapal torpedo teu bisa males, tina djaoeh teuing tea. Koe sabab eta sabisa-bisa eta kapal sok gagantjangan njampeurkeun kapal moesoehna, nadjan eta kapal dihoedjanan koe pelor oge; dina waktoe doea-tiloe sĕkon tangtoe aja noe babar karahajoeanana. Doea pelor mariem anoe galede geus tjoekoep pikeun ngaroeksakkeun kapal torpedo lamoen keuna kana mamatihna mah. Dimana kapal torpedo deuketna ka kapal moesoeh ngan 600 matèr deui, kakara bisa males koe ngabĕdil koe torpedona. Kapal moesoeh moen di dideukeutan koe kapal torpedo lawanna, biasa-