na sok tjoengtjattjingtjĕt soepaja oelah keuna koe torpedo tea. Moesoeh djeung lawan ana geus deukeut kitoe sok rame silih sorotan koe zoekliclit sangkan moesoeh siioëun atawa ngabĕdilan zoeklicht moesoeli sangkan oelah bisa njorotan ka manehanana.
Sanggeus ngabeukas-beukaskeun torpedona kapal toperdo teh sok loempat ka noe poëk, sarta biasana sok kalawan karoeksakan anoe pohara.
Ana kitoe tetela pisan jen pagawe-pagawe kapal torpedo teh koedoe warani narohkeun pati djeung sabar sarta toelioe kana parentah noe djadi kapalana. Dina waktoe ngintip moesoeh di noe poëk, waktoe tjampoeh silih bĕdil djeung dina waktoe diterĕgtĕg koe pelor teh lamoen koerang-koerang wawanen mail atawa tatjan biasa, estoening matak kĕtir matak goegoep. Kta sababna noe matak dina waktoe aman rĕmen diadjar peperangan teh, lantaran nadjan oepamaua taja perang oge, ari goenana pangadjaran mah henteu kapitjeun. Boektina kapal torpedo teh ajeuna gĕde pisan gawena dina oeroesan kapoali-sian di laoet.
Marine saajeuna ngan ngabogaan 3 kapal torpedo, tapi engke mah baris ditambah deui nĕpi ka 8 djoemblahna.
Sadjabana kapal torpedo anoe geus ditjaritakeun bieu. aja deui kapal torpedo sedjen, nja eta anoe sok disarĕboet kapal silem tea. Eta kapal lamoen kanjahoan koe moesoeh bisa teuieum ka djoro tjai. Tapi koe lantaran dina keur teuieum djalanna eta kapal henteu gantjang, ngabeukaskeun torpedona oge teu bisa sakarêp-karĕp, katoeroeg-toeroeg bahîana leuwih deukeut batan kapal perang noe sedjen, lantaran oepama kanjahoan koe moesoeh teh bisa kaoedag sarta tevoes didoepak. Koe sabab eta. anoe djadi koemandan kapal silĕm mah koedoe djaima anoe iatna pisan: Tamoen kanjahoan koe moesoeh. koedoe boeroe-boeroe marentah soepaja kapalna tea sina teuleum. Oepama eta kapal teu boeroborroe teuieum lantaran pagawena koerang tabah, tangtoe pisan kapalna kaleboeli ditcumbrag moesoeh. Ari teuieum na eta kapalnja teu beunang sakama-kama deui bae, lantaran lamoen leuwih djĕro ti 60 meter matak bahla ka manehna, sabab paneueul tjai dina sametĕr pasagi noe djĕrona 60 metĕr teh teu koerang ti 60.000 kg. Nja kitoe deui lamoen salah ngadjalankeunana kamoedi, eta oge matak bahla deui bae. Oepama aja kadjadian kitoe koemandanna sok gantjang marentah, sarta koedoe dioeroet djeung didjalankeun kalawan ati-atirsa.
Ari anoe katiloe nja eta kapal pamasang boerang (mijn) tea;